Jadi sarupaning konsultasi meureun nya ? sok atuh... Loba nu baroga pangaweruh didunya Ai-Ti apanan. boh dina hadwer (Parabot Heuras) boh Sopwer (Parabot Leuleus) meh bararisa. Sok keprukeun. Sugan aya mangpaat jeung bipaatna. Apan ceuk katerangan ge, salah satilu nu bisa nyambungkeun jeung nu geus maot teh nyaeta elmu nu mangpaat.
Jadi misalkeun Kang Irpan ngajaran elmu, bari nu diajaranana ngarasakeun mangpaatna keur kahirupan, mun jaga engke Kang Irpan maot teh pahalana angger ngocor salila elmu eta sumebar. Ceunaaaaah.... Tapi, nya susu-ganan atuh. heueuh ? hi hi -Jay- --- In [email protected], Irpan rispandi <mr.rispa...@...> wrote: > > Baraya, > Kumaha lamun si ITOK arek muka praktek perdukunan he..he..he.. > Sing saha baraya anu boga kasakit komputer, cikan tanyakeun ka dukun > ITOK, susuganan bisa ngabantuan. > > Ngan nya kitu, jalma mah darma ikhtiar. Ulah percaya teuing ka dukun. > Teu sakabeh kasakit bisa dicageurkeun ku ki dukun. Komo deui si ITOK > mah teu boga batu gelap siga Ponari, jadi teu bisa ngan ukur 'dicelupin' > terus cageur. he..he..he.. > Cageur henteuna kasakit komputer teh, gumantung kana pangaweruh si ITOK. > > ***kang Dian, enggeus puasa mati geni teh acan? Urang muka praktek dukun > yu.... > > Wa`alaykum salaam, > > Tiasa janten salahsahiji: > 1. virus > 2. kiborna sanes anu biasa (Inggeris). > > Kanggo nu 1, cobian antivirus. > > Kanggo nu 2, cobian tingal dina > "Control panel" --> "Keyboard", naha layoutna inggeris, atanapi nu sanesna. > Misal dina layout Jerman mah, z pagentos sareng y, jsb. > > Dian. > > -- > Sent NOT from my BlackBerry® > powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever > ***Gue gak punya blackberry, puas?! >

