Wahh abdi mah asa kirang satuju kang yusuf. Sanaos pituin urang Majalengka, 
tetep solusi kana masalah nu aya di Ciayumajakuning teh sanes misahken diri ti 
Jawa Barat. Upami emang hoyong misahkeun diri teh alatan ngarasa dianakterekeun 
ku bandung, tong kitu atuh jalanna. Kan ayeuna mah tos aya otonomi daerah, tiap 
daerah sabatae ngagarap potensi masing-masing, termasuk anggaran. Maju 
heunteuna gumantung pamimpinna wae tamah. 

Contona wae Indramayu, cenah mah beunghar ku minyak. Tapi tetep we daerah nu 
berbatasan jeung majalengka mah katalangsara, loba nu hese dahar. Malah cenah 
mah jadi penghasil perek. Boa-boa duit minyak teh teu nyampe ka rahayatna, tapi 
dipake ku elitna wae. Yeu mah ceuk cenah, malahan isu misahkeun diri 
Ciayumajakuning teh nguatna ti Mance (Bupati Indramayu) alatan kamari eleh teu 
bisa jadi calon gubernur Jabar wakil ti Golkar.

Geus ahh tong neangan teuing pangkat, hayang we jadi raja2 leutik, mending gawe 
we nu bener. Da nu di Cirebon jeng Kuningan teh masih dalulur keneh, masih 
katurunan Siliwangi (Dodo Suwondo, Seniman Kuningan). Hatur nuhun

Urang Majalengka
Ganjar 





Dari: yusuf ishak <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Kamis, 12 Maret, 2009 18:50:25
Topik: Re: [Urang Sunda] Deklarasi Provinsi Cirebon


Wah, saya sebagai urang cirebon, walau keur usaha di Jakarta tetep mendukung 
provinsi Cirebon. Sok ah, nyanggakeun ke sadaya warga Ciayumajakuning, dukung 
rencana ieu.
 yusuf 

________________________________
 Get your new Email address!  
Grab the Email name you've always wanted before someone else does! 
   


      Firefox 3: Lebih Cepat, Lebih Aman, Dapat Disesuaikan dan 
Gratis.http://downloads.yahoo.com/id/firefox

Kirim email ke