urang ngadongeng heula perkara sistim angkot kota bdg: sistem angkot di bandung dumasar ka terminal. terminal utama di bandung aya tilu. 1. leuwi panjang, jalur pikeun ka kulon, jakarta, sumatera, jsb 2. cicaheum, jalur pikeun ka wetan, ciamis, garut, jawa. 3. terminal kota, coconut garden atawa kebon kalapa.
ti terminal ka terminal utama eta aya angkotna. janten ti leuwi panjang, naek ka jurusan kebon kalapa. ti kebon kalapa, naek jurusan dago. teu aya nu langsung ka dago, sigana alatan leuwi panjang kaitung terminal anyar. mun nyieun jalur anyar, biasana diprotes supir angkot nu liwat jalur eta. aya oge beus kota, leuwipanjang-ledeng, leuwipanjang-dago. ngan lami da ngetem kudu pinuh heula. calo angkot ledeng-cicaheum :) mj --- In [email protected], Nana Suwargana <nanaca...@...> wrote: > > parunten ka sadayana seja menta tulung yeu > si kuring geus lila teu kukulibekan di bandung > isukan aya rencana rek ngalongok bandung sugan wae geus cageur macetna.. > bade tumaros.... > pami bade ka dago ti leuwipanjang naek naon nya??? > urang bandungmah pasti apal lah, kacida mun teu apal teh > sok ku sikuring di tungguan ingpona > > hatur nuhun kasadayana.... > > Nana > > > > Terhubung langsung dengan banyak teman di blog dan situs pribadi Anda? > Buat Pingbox terbaru Anda sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/pingbox/ >

