Kocap kacarita, Raja Jimbul anu gembul sakali dahar beak sangu 
sadingkul. Hiji mangsa manehna ngayakeun saembara masak. Eta saembara 
teh hadiahna memang pikabitaeun. Sing saha jalma anu meunang saembara 
bakal diangkat jadi candoli karaton ngagantikeun candoli anu ayeuna.

Pamilon dina eta sayembara loba pisan. Ampir kabeh juru masak restoran 
gede jadi pamilon. Acan jawara-jawara masak ti unggal daerah patalukan. 
Ari anu jadi juri dina eta sayembara teh nyaeta Bagawan Sari Rasa ti 
padepokan Hawu Sarebu. Sang Bagawan teh kawentar kana kalinuhungannana 
dina urusan masak-memasak. Cukup ku ngambeu seungitna hiji masakan, ku 
manehna geus bisa kanyahoan, naon wae bungbu anu dipake atawa sabaraha 
lila ngagorengna, jsb.

Sanggeus ngaliwatan proses seleksi, ahirna sayembara teh nepi ka babak 
final (ulah poho 'F' na sing bentes nya he..he..he..).  Pamilon anu 
nyesa di babak final kari dua deui nyaeta Jaka Centong ti gunung Aseupan 
jeung Candoli karaton tea nyaeta Adipati Kacingcalang.

Saembara ieu teh mawa kabungahan ka sarerea, utamana kangjeng prabu Raja 
Jimbul. Sabab manehna bisa unggal poe ngasaan kadaharan anu ngarareunah 
hasil karya ahli-ahli masak. Kitu deui para pamilon, sok sanajan 
maranehna teu bisa asup ka babak  final, tapi sahenteuna  maranehna bisa 
ngabuktikeun  yen  dirina teh  lain tukang masak sambarangan, sabab bisa 
ngiluan kana saembara karajaan. Hal ieu teh tangtu ningkatkeun ajen 
dirina salaku ahli masak.

"Urang moal bisa nyugemakeun sakabeh jalma", paribasa kieu teh sigana 
mah keuna oge keur acara saembara ieu. Buktina aya saurang anu teu 
bungah kana diayakeunana ieu saembara. Jalma ieu teh nyaeta Adipati 
Kacincalang tea. Ari kituna mah kaharti sabab ku ayana ieu saembara, 
kadudukan manehna salaku candoli karaton jadi kaancam.

Sabenerna Adipati Kacincalang teh  kaasup jalma linuhung  dina widang 
masak-memasak mah. Samalah lamun dibandingkeun jeung Bagawan Sari Rasa, 
paling beda saeutik. Ngan nya kitu,  ngaran-ngaran jalma anu boga 
kadudukan, sok poho ka temah wadi. Salila jadi Candoli Karaton, Adipati 
Kacincalang jadi jalma adigung jeung korup. Kalawan ngagunakeun 
kadudukanna manehna bisa ngawasa kana perdagangan minyak goreng, daging 
sapi, kacang kadele jeung beas, sarta barang-barang kabutuhan pangan 
sejenna. Nu matak teu heran, sanajan tanah karajaan subur, melak regang 
jadi tangkal ceuk paribasana, angger we harga dahareun teh mararahal. 
Kusabab daging sapi kudu ngimpor, beas ngimpor, kacang kadele ngimpor, 
sagala ngimpor. Hal ieu teh akibat kasarakahan Adipati Kacingcalang.

Sabenerna geus lila Raja Jimbul nyaho kana kalakuan Adipati Kacingcalang 
teh. Samalah kangjeng raja mah nyaho leuwih jero deui. Manehna geus 
nyahoeun yen Adipati Kacingcalang teh sabenerna mah telik  sandi atawa 
mata-mata ti karajaan  tatangga. Tapi  ku  Raja Jimbul teu langsung  di  
tewak, tapi ditalingakeun heula. Sabab manehna hayang nyaho heula, naon 
tujuana Adipati Kacingcalang nyusup ka jero karaton manehna. Nu matak 
kangjeng Raja api-api teu nyaho we.

Raja Jimbul geus ngerahkeun jajaran intelijenna supaya nalingakeun 
gerak-gerik Adipati Kacingcalang. Sakabeh aktifitas komunikasi Adipati 
disadap. Samalah hiji mangsa pihak intelijen Raja Jimbul berhasil 
nangkep jeung nerjemahkeun transmisi satelit anu dikirim ti istal anu 
aya di tukangeun gedongna Adipati Kacingcalang. Sanggeus ditalungtik ku 
saurang intel anu nyamar jadi tukang maraban kuda, ahirna kanyahoan 
Adipati Kacingcalang nyumputkeun alat transmisi satelitna dina wadah 
parab kuda, ditutupan ku jukut.

Narima laporan ti dinas intelijen, Raja Jimbul beak kasabaranna. Ngan 
manehna teu sagawayah, Raja hayang 'caina herang laukna beunang'. Ahirna 
basa keur ngadahar semur jengkol kabeukina, Raja meunang ide ngayakeun 
saembara masak.

Cunduk kana waktu anu geus ditangtukeun, poean final saembara masak. 
Dina babak final ieu, para pamilon kudu nyieun masakan anu sarua, nyaeta 
katuangan kasedep kangjeng Prabu Raja Jimbul, nyaeta Semur Jengkol. Jaka 
Centong geus siap dina tempatna pon kitu deui Adipati Kacingcalang. 
Sanggeus goong ditakol, maranehna ngamimitian masak. Masing-masing 
papada ngetrukkeun sakabeh kabisana.

***bersambung***





-- 
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!


Kirim email ke