RUNGSING I layung manggung ukur sariak, ngagagandrung liwung nyangsaya lamunan dina regang –regang sugan II mangsa remeng mimiti dikeukeup ku poek ruhak nu meh pareum kasileungleuman usum ngabebela ngaduruk rasa III “mun teu hayang bayeungyang satungtung ringkang kudu daek dipepende wayahna” ceuk magrib ngagugusur asar IV tina jero – jero liang, gaang reang nembongkeun kamelang: “lepat saha ngalalana salah mangsa” V peuting jadi bandring ngabeulit hate teu bisa simpe ngabayangkeun salira di wewengkon duka keur ucang angge teu naha nehe

