--- In [email protected], mh <khs...@...> wrote: > > Asa geus mindeng kajian perkara Islam mah, malah sumber bacaanna ge > asa teu kurang di toko buku. > Jigana hade upama tajukna "Kajian tentang Sunda Wiwitan". >
Leres pisan, MH. Kajian ngeunaan Islam mah tos kalintang seueur. Mung nu pakait sareng kabudayaan -- utamina kabudayaan Sunda, sigana masih kirang. Sanaos teu tiasa disebat teu aya. Nu dialungkeun mah mung kangge conto, kumaha sangkan paguneman Islam-Sunda (Pakait Islam sareng kabudayaan Sunda) tiasa "diformalkeun" dina wangunan nu maneuh sareng puguh kurikulana. Sawatara waktos kapengker, Pa Ajip kantos ngocal-ngocal perkawis ieu. Mung, duka, teu kakuping deui terasna. (Asana mah, kuliah ngeunaan sajarah Sunda, tos diprakkeun ku Mangle). Naha wangkongan ngeunaan bedog sareng acara sanesna nu sok diayakeun di Kliningan bagian tina eta? Walohualam. Beh dituna, Kajian Islam-Sunda ieu iasa janten salah sahiji agenda dina ngawangun Falsafah Sunda nu "diimpleng" ku Pa Ajip dina makalahna nu diposting MJ sawatara waktos kapengker. "Kajian tentang Sunda Wiwitan" tangtos bae tiasa janten salah sahiji sesi atanapi mata kuliah. Kitu deui ngeunaan Estetika Sunda, Kalam Ka-Sunda-an, sareng Agama vs Sains nu nuju ditareuleuman ku sawatara wargi milis iasa janten sesi-sesi sanesna. Wilujeng. Baktos, Pun Maman

