Baraya,

Rarangkay atawa skenario teu kudu ngarupakeun hasil pagawean anu
direncanakeun. Bisa wae eta anu disebut skenario teh mekar tina situasi anu
aya, tina sikep-sikep ngarongheap ngarespon situasi anua aya, atawa,
dimanfaatkeun ku golongan-golongan anu eta golongan-golongan teh kajadianana
- sabagean gedena oge - diwangun ku kaayaan atawa kamekaran kaayaan. Nya
komo lamun eta skenario teh ngahaja direncanakeun, didisain atawa
dirarancang, teu kudu dijelaskeun deui modus anu akhir ieu mah.

Kunaon si kuring kataji ngobrolkeun soal rarancang atawa skenario? Taya
lian, kusabab ayeuna teh nyanghareupan pemilu, hawa politik sok ngadadak
nyongkab ari nyanghareupan pemilu teh. Kaduana, padungdengan anu
mengatasnamakeun agama, dina pamustunganana bisa wae - sok sanajan teu aya
anu ngarancang atawa suwung ti anu ngadisain - dina perjalanan waktu tumuwuh
jadi hiji skenario anu ngabahayakeun sarerea. Ceuk basa Indonesiana mah
palias jadi skenario liar anu lamun geus jadi, teu aya saurang oge anu bisa
ngadalikeunana (mengendalikannya). Kukituna, latihan merhatikeun soal
skenario eta gede manfaatna pikeun carincing pageuh kancing, saringset
pageuh iket, alias  waspada tea.

Skenario anu bisa mekar kusabab boh dihaja atawa teu kahaja, bisa
digambarkeun dina conto kieu:

1) Lamun si A keuheul ka si C, si A teh sok mengkol heula ka si B. Laju si A
jeung si B teh parea-rea omong ngabahas soal si C. Si C jadi kapanasan, laju
ngalawan ka dua pihakanana (si A jeung si B) anu antukna duanana, nyaeta si
A jeung si B, jadi merangan si C, tumpur wae tah si C teh. Eta skenario anu
kahiji.

2) Skenario kadua: ampir saru jeung skenario kahiji, tapi, kusabab aya
sasaran sejen, nyaeta si D, anu rada ngabela si C, tah si D oge kababawa,
jadi sasaran malah nepi ka diperanganana oge si D ku si A jeung si B;

3) Skenario katilu: rada sarimbag jeung anu kadua, ngan dina kasus ieu malah
si C anu jadi ngagelutan si D.

4) Skenario kaopat, digambarkeun dina conto kieu: Balik deui kana conto anu
di luhur, si A, B jeung C. Lamun si A teh keuheul ka Si B, laju si A api-api
jadi baladna si C. Sabab, manehna, si A, apal, yen si C teh musuhna si B.
Laju wae kajadian pasea antara si B jeung si C, nepi ka anu hiji merangan
atawa nyerang ka nu hiji deui, geus kajadian papaseaan antara si B jeung si
C, mah si A teh ngejat, lumpat teu sakara-kara;

5) Skenario kalima: meh sarua jeung anu ka  4, ngan dina lebah dieu,
kulantaran si A teh keuheul oge ka si B, nya kusabab si C teh geus
dielehkeun atawa dianiaya ku si B, si A jadi boga alesan kuat pikeun balas
dendam ka si B.

Tah baraya, tinimbang padungdengan anu teu pararuguh, ngan saencret-saencret
(one liner) bari malah jadi mapanas nu hiji ti anu hiji atawa sabalikna,
atawa matak bayeungyang ka sadayana, asana mendingan latihan soal skenario.
Mangga diantos ti sadayana model-model skenario lian ti anu 5 anu geus
ditataan di luhur. Tangtu aya sknario-skenario sejenna. Atawa ngan
lima-limana? Piraku ah. Keur ngagambarkeun modelna mah cukup make permisalan
A, B, C jst wae.

Sakali deui peryogi ditegeskeun hiji hal: mekarna hiji skenario atawa
ngajanggelekna masalah jadi hiji skenario anu pibahayaeun eta teu kudu
salawasna aya anu ngadisain atawa ngararancang. Bisa wae kusabab respon
jeung sikep-sikep anu aya, hiji hal anu tadina lain bibit skenario,
ngajanggelek jadi janin skenario anu kacida pibahayaeunana. Emut, si A, B, C
jst dina conto-conto di luhur bisa mangrupa individu atawa bisa oge mangrupa
golongan atawa kelompok. Boh golongan atawa kelompok anu geus aya samemehna
atawa lahir kusabab kawangun ku kaayaan atawa kamekaran hiji skenario.

Wilujeng nengetan skenario-skenario dina kahirupan.

manar

Kirim email ke