Wah Bah .... mangkaning capres ayeuna geus ngaburudul para jendral

di heuteu henteu ge salian ti boga massa anu umum
pasti aya oge bobotohna ti anu nyaroren bedil

Wiranto, SBY, Sutiyoso, Prabowo kaasup jenderal naga bonar miluan

kabur wae kitu ? ka luar nagreg .....




2009/3/19 waluya2006 <[email protected]>

>   > H Surtiwa <surt...@...> wrote:
> > Tong bireuk lah Kang..pan demokrasi di Indo mah eta anu
> > disebat "engineered democrazy" tea........
>
> Terus terang eta Bah nu dipikahariwang teh, manipulasi. Lamun Pilkada mah
> rada teu pati salempang da aya pamarentah Pusat. Ngan orakaya lamun dina
> Pemilu milih Presiden, terus aya sengketa siga di Jawa Timur, matak
> pibahayaeun. Ieu bisa ngakibatkeun "kerusuhan", da papada boga massa gede
> sakuliah Indonesia. Supaya kajadian ulah kitu, aparat Hukum, kaasup Pulisi
> kudu netral. Lamun pulisi mihak, wah teu kabayang, tantara bisa asup deui
> kana kakawasaan, alesanana keur nyetabilkeun kaayaan nagara. Ngan biasana,
> loba contona di nagara-nagara batur oge, sok "betah" ari geus "nyengcle"
> mah.
>
> Di taun 2004 Indonesia loba dipuji ku dunya luar, dina ngayakeun Pemilu,
> pangpangna Pemilu milih presiden. Nu disarangkana bakal riceuw, tapi
> aman-aman wae. Hiji Kasuksesan Pamarentah Mega dina ngayakeun Pemilu 2004,
> nu aman ayem tentrem. Dina ganti kakawasaan oge euweuh kaributan (Pertama
> kali di Indonesia Lho, ceuk iklan mah), sanajan Megawatina katingalina masih
> neuteuli ka SBY ..hehehe
>
> Tah ayeuna Pamarentah SBY. Hayoh Jendral ...jieun sing aman, keun we
> eleh-meunang mah biasa, kitu oge nu sejen. Da ayeuna mah nu jadi pangawasa
> teh geuning loba pisan, salian ti Presiden teh.
>
> Baktosna,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke