ah Pan, hampuraeun meureun. sabab teu ngarti jero-jerona.
Kabah lain disembah, ngan ukur dijadikeun lambang arah pikeun solat.
kabayang mun teu dibere arah (kiblat eta). solat di masjid kamana wae,
tungtungna paadu bujur,  mending mun paadu beungeut. heuheu

sarua cara babacaan solat naha kudu make basa arab. sangkan saragam
jeung kabeh ngarti. cek kyai sejuta umat, MZ, kabayang mun adan make
basa masing-masing. urang minang adana, alloh nan gadang, US Alloh nu
badag pisan, jst,  urang inggris, Allah the greatest!

oge Mekkah tempat ibadah haji. kabayang mun teu dibere hiji tempat.
meureun naik haji teh aya nu ka las vegas, ka london cara
changcutters, atawa ka pangandaran. jaba eta mah minangka napak tilas
nabi Ibrahim.

urang memang kudu ngahormat ka indung bapa. malah pangeran moal
ngahampura mun kolot teu ngahampura, jsb. soal hormat ka kolot mah
naluri manusa, aya di unggal ageman atawa adat.


On 3/19/09, Irpan rispandi wrote:
> he..he..he..
> naon maksudna ieu sajak nya?
> ngagogoreng umat islam anu 'nyembah' batuh hideung (kabah atawa hajar
> aswad) kitu?
>
> mang niskala, lamun kuring salah tafsir benerkeun nya.
> ngan lamun enya eta maksud jang niskala  ngagogoreng jalma islam anu
> 'nyembah' batu hideung.
> hemmmm.... dikadek siah. he..he..he..


--
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com

Kirim email ke