Kang Syam, tiasa nyuhungkeun conto gambar kaos anu sanesna 
(bajigur,anderock,pitenah,chevote,keuheul mode on)
 
Rahmat
 

________________________________

From: [email protected] on behalf of syam ridwan
Sent: Mon 3/16/2009 5:03 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] [kaos]"Montong Milih"



Baraya!
Kaos edun anu kul kalem konpiden tea ngaluarkeun kaos sepesial edisien nyaeta 
"montong milih" bisi panasaran mangga toong we disainna di file nangkod. 
Minangkana mah dina raraga anti mati gaya tea. Sok ah geura paresen, daripada 
dompet heurin kuduit atawa kartu atm nepika karatan tara dipake, mendingan 
dipake meuli kaos ieu, komo pamajikan kiwari geus boseneun dibere uang balanja 
mah kasempetan pisan, katurug turug ngaroko ge pan geus eungkeut eungkeut geus 
dikurangan lin, mun dipaksakeun wae didedetkeun kana dompet, tangtu bae dompet 
bisa kamerekaan kuduit.
 
Hargana mah pan geus pada arapal, bahana combad atuh corak warna hideung, bisi 
bosen hideung, hideung deui hideung deui, kawas simamih unggal make baju totol 
deui totol deui, ari pas ningali dina pamoeanana sihoreng sapamoean bajuna 
totol totol. Salian hideung aya pilihan warna nyaeta hejo army ised saeutik 
tihideung.
 
Nu kataji mangga japri ka [email protected] <mailto:[email protected]>  ka 
baraya nu teu tiasa nampi attached diyahoogrup tiasa ngajapri oge.
 
Ka baraya nu tos pesen kaos bajigur,anderock,pitenah,chevote,keuheul mode on, 
panginten nuju on the way, sing seueur maos doa salamet we meh tereh dugi 
kalayan salamet. Anu tacan kakintun mohon kesabarannyah. Anu hoyong pesen 
harewoskeun ka abdi ngalangkungan imel nu disebatkeun diluhur.
 
Beu ni mabay nya padahal ngan ukur nawarkeun kaos. Kieu yeuh loba gaul jeung 
tukang obat teh.
"Dipilih....dipilih....dipilih......!
 
baktos,
syam ridwan


<<winmail.dat>>

Kirim email ke