heheeheeheheeh alus caritana....euy!!!
syam ridwan wrote:
* Kontrak Politik *
Di pengkolan jalan ka kampung Cucungik kuring paamprok jeung Ocim.
Saprak jadi tim sukses mitoha,mun amprok jeung kuring teh siga tepung
jeung maru wae, pasemon Ocim haseum, pikacuaeun. Heueuh, bener ceuk
aki kuring dunya pulitik mah sok ngobah sagalana, sipat jeung tabeat
manusa sakolepat ngadadak robah.Contona, kiwari loba jalma ngadadak
bageur gara-gara pulitik, kitu deui loba jalma silih seging, silih
bintih, silih sindiran, nepika silih musuhan gara gara pulitik oge.
"Geuning sia barud!" ceuk kuring make basa loma. Tara nyebut ngaran
cukup sibarud wae.
"Tah geuning papanggih, kabeneran euy!"tembalna
"Aya naon kitu nek debat?" tanya kuring satengah ngaheureuyan
"Nek nanyakeun baliho poto dunungan dewek anu keur meureup, kunaon
gigireunana dipasangan poto silaing keur meureup oge!"
"Kunaha kitu? Bebas pan asal ulah hareupeunana bari jeung ngahaja
nutupan!"
"Bebas sih bebas euy, tapi papeureup peureup siga nu nek garelut!"
"Dewek mah meureup soteh ngalambangkeun sumanget deuleu!"
"Heueuh dunungan dewek ge sarua!"
"Sumanget meulaan ra' yat leutik!"
"Dunungan dewek ge kitu!"
"Tapi pan lolobana, mun geus jeneng sok poho ka ra' yat nu milihna!"
"Akur ari palebah dinyana mah!"
"Kiwari ra' yat urang teh lir ibarat daun salam deuleu!"
"Maksud silaing?"
"Pek we mun nek ngangeun ngabelaan kutatang koteteng neangan daun
salam sangkan angeun eta ngeunah,tapi pas geus jadi angeun, daun
salamna ngilu dilebok henteu?"
"Nya hanteu, paling dibabetkeun ka wadah runtah!"
"Tah kitu ra' yat leutik ge euy, keur dibutuhkeun diolo, dicombo,
dibibita sangkan daraek marilih , tapi geus ka pilih ih damang we, pan
nu kitu teh sarua jeung daun salam lin?"
"Halah bener euy, paingan atuh basa dunungan dewek keur murak angeun
kacang beureum, dipurak jeung daun salam salamna, maksudna
meureun kitunya ngalambangkeun nyaah ka ra' yat. Dasar pulitikus ka
angeun angeun dipulitisasi oge!"
"Lain nyaah tapi dunungan maneh mah rewog euy. Sagala dilebok!"
"Dilaporkeun siah!"
"Jig teu sieun deuleu,manehna jelema aing ge jelema, manehna nyaleg
dewek ge nyaleg, naon bedana?"
"Bedana? Dunungan dewek mah geus boga kontrak pulitik euy!"
"Da dewek ge gableg!"
"Naon kitu?"
"Mun dewek jeneng, kop tah rebab jeung kacamata kacamatana, dewek nek
pangsiun jadi tukang rebab!"
"Ari ka daun salam kumaha?"
"Heueuh euy kapaksa meureun demi ngalambangkeun nyaah ka ra' yat anu
geus milih dewek, sakali deui kapaksa mun murak angeun nu aya daun
salaman, daun salamna nu pangheulana ku dewek digares. Puas..puas..
..puas!"
"Edas....naha jadi los los ka tutukuleun sagala!" ceuk Ocim bari
ngaleos ningalkeun kuring. Kuring oge ngilu ngincid, ret ka sisi gawir
aya tangkal salam mani ngajegir, daunna gomplok pisan. Kuring
meureudeuy ngabayangkeun keur nyanghareupan angeun kacang sabekom.
syam ridwan