Heuheu, tos nyuhunkeun widi kitu ka keluarga alm Mang Koko? rupina mah parantos nya.
Nengetan video, hanjakal, kasangtukang film kirang sae, utamina kaahirnakeun aya sababaraha gambar alam anu warna koneng,. siga anu nyitrakeun kagaringan, oge anu nganggo jubah teu nganggo peci. Atawa, ngahaja kitu? warna koneng keur kajayaan (tina warna emas), anu dijubah teu nganggo kopeah, tapi janggotan siga "kiyai" anu dihukum panjara gara-gara nikah ka nu budak keneh, pikeun ngarangkul non muslim? manar On Mon, Mar 23, 2009 at 6:27 AM, Dian Tresna Nugraha <[email protected] > wrote: > Kaleresan nuju kukurilingan ngambah sagara internet. Wah, mendakan aya > nu 'ngabajak' kawih "Sabilulungan": > http://www.youtube.com/watch?v=Jmq6g_nDX9M > > Hade aransemenana tah. Mung kade ah imbitna dicangreud heula sakedap bilih > ngiring gitek. :-) > > Nuju haneuteun pisan sigana teh di Indonesia mah, nya? Rupi-rupi iklan > sarupi ngaburudul dina Youtube. > > Baktos, > Dian. > >

