dit, nuhun ah, aya deui reperensi ngeunaan wado. kabeneran eta ngaran deukeut pisan jeung hirup kuring mangsa abg. wado teh ngaran kacamatan kuring nepi ka sma :))). salian kuring nu kungsi jadi urang dinya teh nya: ceu roro. nya ceu? (bari ngiceupan! heuheu)
saacanna mah kuring wawuh ka wado teh ukur pajabat pamarentahan jaman baheula nu satingkat jeung cutak (nu satingkat jeung camat, mun teu salah). kenalan basa bareng maca buku duka poho deui. ayeuna, ku ayana andika, eh adit, kanyaho ngeunaan wado nambahan (/atawa robah nya?) geuning wado oge pangbakten wong tani nu ngabakti ka mantri. ngan nyahona hal ieu salian mawa kagumbiraan oge mawa ironi, sabab lembur kuring nu urut wado tea, boro kuat dina tatanenna nu aya mah gunung gundul, pasir bulistir. cai ukur ngandelkeun kanyaahna mega. lamun maranehna keur males nurunkeun hujan, nya mangga raoskeun sawah congangan. sedeng regasi nu ngari ukur ruruntuk titinggal walanda. nu ukur ngabaseuhan sawah saguriwekan awakna. kapimilikan tanah oge rada lieur, loba tanah urang lembur kuring nu bogana mah urang jauh (cenah peteran, taneuh dibagi-bagi, bagean hiji bagean dua bagean tilu... bagean saanu). urang lembur ukur jadi patani sewa! wado oge bakal leuwih panas (cara basisir-basisir sejen, contona cenah cirata oge kitu). sabagean daerahna bakal ngilu kaeleb ku proyek rohaka tea: jatigede. nu kontroperial, nu teu anggeus-anggeus nepi ka kiwari. bakal rea sawah nu pang produktipna di wilayah nu cek anjeun pangbakten wongtani salin rupa jadi talaga. atawa ku ayana (engke) bendungan jati gede ieu wado jadi pabalik harti kitu? wado jadi ngabakti ka wong tani, lain ka urang wado, tapi ka patani urang dermayu, majalengka jeung sabudeureunna. deudeuh kuring ka wado duq urang banjarasih jatinunggal eks-urang wado (aya nu kungsi nyebut cenah ieu dua ngaran nu kasebut munggaran teh konsep dua sufi badag, rumi jeung al halaj, ngan kateuing) 2009/3/23 A Gunawan <[email protected]> > Irpan rispandi <mr.rispandi@ ...> wrote: > [ieu mah malah memperkuat teori 'mindset bangsa terjajah'.] > > Pananyana, mindset nu kumaha nu kudu diwangun teh? Pra Kolonial, Kolonial, > Poskolonial? Dina pra kolonial upamana nu nganggap yen Sunda kungsi > merdeka,, panta-panta teh dipake, > "Anak bakti di bapa, ewe bakti di laki. hulun bakti di pacandaan, sisya > bakti di guru, wang tani bakti di wado. wado bakti di mantri, mantri bakti > di nu nangganan. nu nangganan bakti di mangkubumi, mangkubumi bakti di ratu, > ratu bakti di dewata, dewata bakti di hyang. (SSKK: II)" > _,___ > -- d-: dudi herlianto :-q ~nyoba ngilu ngabauan dunya~ uaduq.co.cc

