Abah Amin sent a message to the members of BANYOLAN SUNDA. -------------------- Subject: Istilah Pancakaki
Pancakaki téh nyaéta perenahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh. a. Rundayan atawa Turunan - anak => turunan kahiji. - incu => turunan kadua, anakna anak. - buyut => anak incu. - bao => anakna buyut. - janggawaréng atawa canggahwaréng => anakna bao. - kait siwur => anak janggawaréng. b. Ka luhur - bapa => lalaki nu boga anak, salaki indung. - indung => awéwé nu boga anak, pamajikan bapa. - aki => bapana indung atawa bapa. - nini => indungna indung atawa bapa. - buyut => indung/bapana aki atawa nini. - bao => indung/bapana buyut. - janggawaréng => indung/bapana bao. - kaitsiwur => indung/bapana janggawaréng. c. Ka gigir - adi => dulur sahandapeun - lanceuk => dulur saluhureun. - emang/paman => adina bapa atawa indung (lalaki), - bibi => awéwé adina bapa atawa indung. - ua => lanceuk bapa atawa indung. - alo => anak lanceuk. - toa => anak adi. - kapiadi => anakna emang/bibi. - kapilanceuk => anakna ua. - incu ti gigir => incuna adi - aki ti gigir => lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini. - nini ti gigir => awéwé, adina atawa lanceukna aki/nini. - ua ti gigir => anakna lanceuk aki/nini. - emang ti gigir => anakna adi aki/nini (lalaki) - bibi ti gigir => awéwé, anakna adi aki/nini. d. Istilah Séjénna - adi beuteung => adina pamajikan/salaki. - dulur sabrayna => dulur misan, anak paman, bibi, atawa ua. - dulur teges => dulur enya, saindung, sabapa. - indung téré => pamajikan bapa, lain anu ngalahirkeun urang. - bapa téré => salaki indung, lain anu ngalantarankeun urang lahir. - anak téré => anak sampakan ti salaki atawa pamajikan. - dulur patétéréan => anak indung atawa anak bapa téré. - cikal => anak panggedéna. - pangais bungsu => lanceukna bungsu. - bungsu => anak pangleutikna. - baraya laér => baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna. - teu hir teu walahir => teu baraya saeutik-eutik acan. - bau-bau sinduk => baraya kénéh, sanajan geus laér. - dulur pet ku hinis => dulur teges. - baraya => sakur nu aya pancakakina. - karuhun => luluhur, jalma-jalma anu kungsi aya lila heulaeun urang, nu ngarundaykeun urang. --------------------

