He he he ari kang Syam...bet ditungtungan ku nyandung...ke rame deui geura 
masalah nyandungna....der..ah


--- On Thu, 19/3/09, syam ridwan <[email protected]> wrote:
From: syam ridwan <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] [4S] NYALEG#7
To: [email protected]
Date: Thursday, 19 March, 2009, 12:23 AM











    
            


Black 
Campaign
Sore keneh kuring geus ngagoledag 
dienggon, awak asa pasiksak sora ge peura balas gogorowokan diluheureun 
podium, padahal unggal nek indit  pamajikan sok mekelan cai asem 
saemuk meunang ngagulaan tapi tetep sora teh lir sora sinden nu tas manggung 
sapeuting jeput. Kitu deui awak asa rujad satulang sandi, padahal unggal poe 
sok 
rajin ngaloklok endog dicampur jeung madu odeng, tapi tetep teu ngaruh, nu 
puguh 
mah sirengge embungeun ngendog deui lantaran endogna dicokotan wae unggal poe. 
Ngan ari keur kampanyeu mah rasa kacape teh sok kabrangbrangkeun lantaran sok 
aya hiburan artis lokal anu disewa ti pusat, goyang, geol jeung gitekna 
mujarab pisan jeung ubar kacape mah.
 
"Kang bejana unggal kampanyeu, akang 
sok ngalakukeun blek kenpein?" sora pamajikan moncor tina sela sela 
simbut.
"Heueuh!" kuring 
nembalan
"Ngagogoreng partey batur 
nya?"
"Ah teu sing!"
"Ih pan nu disebut blek kempein mah 
nu samodel kitu lin?"
"Enya, tapi blek kempein di 
partey rudet hate mah tiap peserta kampanyeu wajib marake pakean sarwa 
hideung!"
"Paingan atuh lolobana nu marake 
kampret hideung, eta teh dibayar kitu kang?"
"Ah teu sing, kahayang sorangan 
we!"
"Pajar atuh sok dibayar saanu 
rebueun, itung itung gaganti ongkos jeung uang bengsin!"
"Nya meureun dibatur mah, tapi 
dipartey akang mah estuning kereteg tihatena kalayan tampa 
pamrih!"
"Euleuh, kiwari geuning aya 
keneh nya jalma model kitu!"
"Susah Ocih, lamun hati sudah 
berbicara mah!"
 
Saprak nyaleg, memeh sare, sok 
tuker pikiran heula jeung pamajikan. Timimiti taktik jeung strategi ancrub 
didunya pulitik nepikeun kamasalah kahirupan rumah tangga. Ceuk nu rahul, 
kawijakan saurang pajabat cenah sok dimimitian atawa dipangaruhan ku 
obrolan luhureun kasur model kieu. Tapi aya benerna sanajan kuring can jadi 
pajabat pangaruh omongan pamajikan teh sok aya karasana.
 
"Kang, ari akang geus siap eleh siap 
meunang?" sora pamajikan kadenge deui tina jero simbut.
"Puguh we, jadi pulitikus sajati mah 
kudu kitu!"
"Tah mun akang can siap, disisi 
lembur aya tower telepon seluler, kitu deui rumah sakit jiwa bojong kenyot 
kamarna geus ditambahan, legana nandingan nu di riau sawelas!"
"Ah moal kitu kitu teuing sugan, ngan 
mun sanggeus tanggal salapan akang ujug ujug nerekel naek ka tower, maneh nek 
kumaha pipetaeun, Ocih?"
"Ah gumantung sabab musababna, lamun 
akang nerekel naek lantaran stres gara gara euweuh nu milih, tangtu bakal 
disiapkeun tim penyelamat kalayan handapna bakal diamparan kasur kapuk 
sahunyudan!"
"Tapi mun akang nerekel naek gara 
gara menta nyandung teu digugu?"
"Ah antep we cena gogoakan 
diluhureun, hayang nyaho naha bener atawa ngan ukur goss wungkul!"
*syam ridwan*
 
 

 

      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      Get your new Email address!
Grab the Email name you&#39;ve always wanted before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke