Kabeneran kuring meuli koran tempo poe senen kamari, di jerona aya kutipan tulisan Hatta ngeunaan hasil/henteuna hiji pamarentahan, nyaeta kahontal/henteuna karaharjaan rahayat. jadi inget deuih kamari2 ngobrol jeung babaturan ku keur di hongkong nuturkeun salakina, meureun tamba kesel nya sakalian neruskeun sakola. Ngeunah temen, nya dibiayaan nya loba subsidina. Ceuk manehna, cenah alatan krisis sajagat ayeuna, loba rahayat anu leungiteun gawe, pon kitu deui nu alanyar lulus sakola, baringung neangan gawe. Kumaha ketak Pamarentahna? Pamarentah Hongkong pakpikpek mangneangankeun pigaweeun keur rahayatna. Ari di urang? Aya nu babagi sembako ge kalah aya wae korban, tandaning rahayat anu malarat rosa... meureun.
2009/3/26 netta fahad > Menjelang pemilu ayeuna atau menjelang akhir tugasna, pamarentah loba > ngalaporkeun keberhasilanana. tinangtu, para oposisi mah kontra pisan kana > sagala keberhasilan pamarentah. tapi memang da kinerja pamarentah teh teu > alus sadayana, jadi teu bisa kitu wae urang satuju yen pamarentah ayeuna > geus berhasil. > > tapi sok kadang panasaran, hayang nyaho sabenerna pamarentah teh berhasil > atau henteu. Nyoba nyoba berhipotesis jeung berspekulasi, meski kadang tanpa > dasar atawa metode pengumpulan data nu jelas. Ah, namina ge heuheureuyan. > sabenerna mah mun bade menilai kinerja pamarentah, cobi we tingal hasil > kerja sareng program kerjana..seberapa banyak program kerjana nu tos > direalisasikeun. lajeng, apakah program kerjana teh memberi efek nu sae atau > malah "kumaha"??? >

