ajiiib... nu kieu meureun nya ari nu ngaranna nikmat teh? nu sarua jeung
lamun keur lapar pisan nimu semur jengkol (tangtu jeung sangu hawu seeng
haneut akeul nu garing tea) haha...

dudi
kuring ngarasa nikmat, nya kuring aya!
najan mencenges jiga kembang bawang... halah... atawa nganak gajah kitu?

2009/3/26 Maman Gantra <[email protected]>

>    Oge dina perkara sistematis dina harti mangrupa wangunan esei. Teu
> saeutik filosof-filosof di wewengkon sejen nu oge ngebrehkeun pipikirannana
> ku dangding, solilokui, haiku, aforisme, rubayat, atawa fable pisan. Malah
> dua gegedug falsafah existensialis Prancis, Sartre jeung Camus, nu cenah
> loba dipikaajrih ku seniman entragan Pa Ajip (50-60-an), ngebrehkeun
> pipikirannana teh dina wangunan novel jeung naskah drama. (Bandingkeun jeung
> karuhun urang nu nepikeun piwulangna ku…golek!).
>
> Kakirangan Pa Ajip lianna, nu rada pikahelokeun, anjeunna masih oge
> ngalamun ngeunaan hiji wangunan Sunda nu *genuine*, orsinil alias 100%
> asli. Hal, nu ku fakta-fakta sajarah jeung sunatullah, tangtuna hiji hil nu
> mustahal. Nya alatan sajarah  jeung hil nu mustahal eta, Falsafah Sunda
> teh – mun arek leuwih analitis sakaligus ngacapruk abis -- kudu dilegaan
> dina harti “falsafah urang Sunda”, “falsafah nu nyampak di Tatar Sunda”
> jeung “falsafah nu dilakonan ku sawatara urang Sunda” tea.  Ku cara kieu,
> sugan, lamunan-lamunan ngeunaan orisinalitas nu mere hawa pesimistis atawa
> neluh maneh teh bisa diingkahan. Ongkoh teu *genuine* oge lain hiji
> musibah atawa dosa nu kudu diceungceurikan atawa dihanjakalkeun. Malah hiji
> barokah nu nambah kabeungharan urang Sunda.
>
> Dilegaan teh lain bae narima kana papasten -- yen, urang kungsi “dijajah”
> India, Islam, atawa Mataram. Tapi, oge urang bisa noong falsafah nu oge
> diwangun ku urang non-Sunda di Tatar Sunda. Kumaha, misalna, kadar conto,
> pagilinggisikna Sosrokartono jeung urang Sunda harita? Boh nu aya di Bandung
> atawa di luar Bandung. Asa piraku euweuh interaksi pisan mah, kaasup dina
> perkara falsafah atawa teosofi nu dimekarkeun Sosrokartono harita. Pon kitu
> deui pagilinggisikna Raden Saleh jeung urang Bogor? Oge Tirto Adi Seoryo?
> Dalah Soekarno pisan? Ku taksiran, Soekarno lain bae panggih jeung
> “Marhaen”, nikah ka Ibu Inggit, sosobatan jeung Gatot Mangkupraja, atawa
> kungsi ngilu ngaramekeun Saritem. Tapi, pantesna, aya interaksi dina widang
> falsafah – di luar falsafah kanagaraan nu dikembangkeun ku Soekarno (Nasakom
> jeung Pancasila). Dalah ngeunaan Nasakom atawa Pancasila ge, asana, can
> diguar kontribusi Sunda kana pipikiran Soekarno eta.
>
> Lian ti kitu, sakumaha kitab buhun nu remen dipesek karek *Siksa* *Kanda*
> *Ng* *Karesian*, kadieunakeun, asa piraku urang Sunda nu fifilsafatan teh
> ngan Pangersa Hasan Mustapa? Boa-boa, kiai-kiai sanes ge teu leupas tina
> tasawuf atawa falsafah sanesna. Pan, cenah, dipasantren ge didawamkeun
> manthiq jeung tasawuf teh? Piraku teu ngawujud jadi hiji falsafah? Nya,
> pedah teu ditulis bae – meureun. Ongkoh, cenah, paelmuan nu kararitu mah
> ngan pikeun santri-santri *advanced*  -- nu ngabalukarkeun falsafah atawa
> tasawuf miboga wanda elitis tea, nepi ka aya kokocapan “nu nyaho wali mah
> ngan papada wali”. Pan tapak-tapakna mah karampa di sawatara inohong
> sarupaning Usep Romly HM, jenatna Arifin C.Noer, atawa Pa Enas. Atuh, nu
> wandana leuwih “abangan”, bisa ditoong ti sakur nu mareulian buku-buku
> stensilan wedalan koran Kujang (taun 70-an) – nu tangtuna beda jeung
> stensilan nu ditawarkeun bari haharewosan di kios-kios buku Cikapundung, PLN
> Bandung.
>
> Mun tea mah naon nu nembrak tadi dianggap teu nerap dina kahirupan atawa
> pareumeun obor pisan, di Yunani ge teu kabeh jadi filosof – komo nu sipatna
> sistematis atawa akademis mah. Malah, kiwari, rahayat ieu nagara teh pan
> keur ukuran Eropah mah kaasup nu paling teu kaopan? Gara-gara polisi “salah
> nembak”  jelema bae, sanagara jadi kacau beliau. Nepi ka aya kana
> sabulanna. Watek resi nu diamanatkeun ku Aristoteles, Plato, atawa kaum
> Sofis pisan teh meh euweuh. Di urang? Jalan-jalan di Bandung macet,
> leuweung-leuweung rungkad, pasir-pasir bulistir, urang Sunda mah aranteng
> bae. Da, senang mah aya dina hate. Hehehe….
>
> Tangtuna ku ngebrehkeun kakirangan-kakirangan Pa Ajip dina makalah eta,
> kuring lain rek nyebutkeun yen panyeureud anjeunna teh salah kabeh. Komo,
> euweuh mangpaatna mah. Paling heunteu, dina perkara heureutna dokumentasi
> jeung sistematisasi Falsafah Sunda. Ku panoong, enya urang teh kurang kacida
> dina tulas-tulis teh. Sok komo dina ngeunaan falsafah nu sistematis jeung
> akademis mah. Ngan, lain euweuh. Kadar kurang kacida. Kukituna, sigana,
> ambeh sistematis tea, kudu dijieun hiji agenda dina enggoning ngawangun
> Falsafah Sunda ieu.  Ambeh urang, bisa ngadokumentasikeun naon nu aya.
> Muguhkeun nu “aya tapi euweuh, nu euweuh tapi aya” eta. Kadituna, nya ngarah
> mekar jeung tumuwuh. Sukur-sukur napak dina kahirupan sapopoe.
>
> Soal pareumeun obor? Ku keukeuh. Ieu mah keun bae! Teu jadi soal. Kadar
> pareum ieuh! Pan oborna mah, pareum-pareum oge aya? Kari diseungeut deui. Di
> mana oborna oge euweuh, nya nyieun bae durukan anyar. Malah, tong kagok
> asong: Nyieun tanur nu gede sakalian, leuwih gede manan pangdurukan apu nu
> ngajejer di Tagog Apu. Tong kadar obor. Ongkoh, kadar conto, sakumaha nu
> ditembrakeun ku Kang Eddy Nugraha, Bah Oca, MJ, Kang Oman, oge sawatara
> urang lianna nu aktif di peradaban ka genep puluh tujuh dalapan obor teh
> satemenna teu pareum teu sing. Masih keneh hurung. Malah katingalina, di
> aranjeunna eta seuneu teh hurungna ge ngalelentab. Aranjeunna lain bae keur
> ngaguar jeung nugaran deui etos nu nyampak di Tatar Sunda, tapi geus
> alancrub jeung kokojayan kana leuwi sistematisasi jeung dokumentasi Falsafah
> Sunda. Kaasup Falsafah Sunda nu wandana rasional jeung akademis. Nu nyampak
> dina konteks “logos vs mitos” tea.
>
> Intina mah, nginjeum kasauran Bah Oca: Mari kita hayu! Sakali Persib tetep
> Persib, Persebaya mawa cilaka. Pa Ajip tetep Pa Ajip, Falsafah Sunda mah
> tetep aya.
>
> Agenda jeung hahalangna? Ieu mah engke deui bae. Geus panjang teuing. Hulu
> ge geus cangkeul. Ongkoh bisi siga Nietszche...
>
> Pasir Maung,  24 Februari Maret 2009.
>
>
> Maman Gantra
> Jalan Salemba Tengah 51,
> Jakarta 10440.
> 0812-940-5441
>  
> _,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc

Kirim email ke