"Jeung maranéh sing ta'at ka Alloh jeung ka Rosul-(Na) Jeung sing ati-ati. Mun 
maranéh teu narima (berpaling), pikanyaho yén saéstuna kawajiban Rasul Kami 
ngan saukur nepikeun (amanat Allah) kalayan jéntré " (Al Maidah 92)

 

"Jeung singsaha nu nolak Rosul saanggeus jéntré bebeneran ka manéhna, jeung 
nuturkeun jalan nu lain jalan jalma-jalma mu'min, Kami antepkeun manehna 
laluasa dina kaayaan sasab anu geus di kawasana éta jeung Kami asupkeun manéhna 
ka jero jahannam jeung jahannam éta sagoréng-goréngna tempat mulang " (An Nisaa 
115)

 

"Saéstuna jalma-jalma anu debat ngeunaan ayat-ayat Alloh bari teu maké élmu nu 
nepi ka maranéhna, euweuh dina dada maranéhna iwal ngan saukur (kahayang 
pikeun) kaluhungan nu ku maranéhna sakali-kali ogé moal kahontal, ku kituna pék 
ménta panangtayungan ka Alloh. Saestuna Anjeuna Maha ngadangu tur Maha ningali" 
(Ghafir 56)

 

Dawuhan Rosululloh sholallohu 'alaihi wassalam : "Naon nu ku kaula di larang, 
tinggalkeun. Jeung naon anu ku kaula di paréntahkeun, pigawé sabisa maranéh. 
Lantaran saéstuna kabinasaan jalma-jalma saacan maranéh lantaran lobana 
pacéngkadan jeung panolakan maranéhna ka para nabina" (HR Bukhari Muslim)

 

Nyarita Imam Malik rohimahulloh: "Debat ngan bakal mawa kana pacéngkadan jeung 
ngaleungitkeun cahaya élmu dina jero haté jeung neuaskeun haté jeung nimbulkeun 
rasa ngéwa" (Syiar a'lamin Nubala', 8/ 106)

 

Dina hiji poé, Imam Malik pernah ditanya ku saurang nu boga ngaran Haitsam bin 
Jamil: "Héi Abu Abdillah (nyaéta Imam Malik), saurang jalma nu boga élmu 
ngeunaan sunnah naha meunang manéhna debat pikeun mélaanana?" Imam Malik 
ngajawab: "Ulah! Tapi sakuduna manéhna nepikeun éta sunnah. Mun ditarima, éta 
nu dipiharep, tapi mun ditolak, cicing! "(Jami' Bayanul Ilmih wa Fadlihi, juz 2 
hal. 94)
 

Imam Ahmad nyarita : "Tepikeun sunnah jeung maranéh ulah debat ngeunaan éta 
sunnah" (Thabaqat al-Hanabilah, Ibnu Abi Ya'la, ngaliwatan tulisan Syaikh 
Barjas dina Dlaruratul Ihtimam, hal. 89)



Henteu sasab hiji kaum saanggeus datang pituduh iwal saanggeus éta maranéhna 
dibéré kaparigelan dina debat (HR. Ahmad) (Syaikh Barjas dina Dlaruratul 
Ihtimam, Syaikh Barjas, hal. 89)

 

Dicaritakeun ku Ma'n bin Isa: "Imam Malik bin Anas rahimahullah dina hiji 
mangsa pernah mulang ti hiji majlis dina kaayaan anjeuna neken kana leungeun 
kuring. Terus anjeuna di tepungan ku saurang jalma anu katelah Abul Hauriyah. 
Jalma ieu kaasup kana jalma murji'ah. Manéhna nyarita: "Héi hamba Alloh, 
déngékeun ti kaula. Kaula rék nyarita ka anjeun nepikeun arguméntasi kaula ka 
anjeun jeung nepikeun pamadegan kaula ka anjeun (nyaéta ngajak debat)". Imam 
Malik ngajawab :"Kumaha mun anjeun bisa ngéléhkeun kaula?" Manéhna nyarita: 
"Mun anjeun éléh, anjeun kudu biluk ka kaula" Imam Malik nyarita deui:"Mun 
datang jalma katilu nepikeun arguméntasina ka urang, terus manéhna ngéléhkeun 
urang?" Manéhna ngajawab:"Mun urang éléh, urang ogé kudu biluk ka manéhna". 
Ngadéngé jawaban ieu, Imam Malik nyarita: "Héy hamba Alloh, Alloh geus ngutus 
Nabi Muhammad Sholallohu 'alaihi wassalam ku agama nu hiji, tapi kaula nempo 
anjeun pundah-pindah ti hiji agama ka agama nu lain". Dina riwayat lain: "Agama 
ieu lain milik nu palinter debat" (Asy-Syari'ah, al-Ajurri, 64)

 

dicutat tina tulisan Ustadz Muhammad Umar

Disclaimer   -   This  message  including any attachments and information 
contained
herein  ("Message" ) may contain  privileged information  or otherwise is 
protected
from  disclosure. Any  unauthorized use of this  Message  by any person may 
lead to
legal consequences.  If  you  receive this   Message  in error, or if the 
recipient
of this  Message  is not the intended recipient or the employee or agent 
authorized
for delivering this  Message to the intended recipient you are hereby notified 
that
any  disclosure,  dissemination, distribution  or copying of this Message or 
let or
cause this Message to be disclosed,disseminated, distributed, or copied is 
strictly
prohibited, and please notify the sender by  return message  and immediately 
delete
this  Message  from your system.   Incoming and outgoing  communications using 
this
electronic mail may be monitored by PT Arutmin Indonesia,as permitted by 
applicable
law and regulations. Unless it is made by the authorized person,any views 
expressed
in this Message  are those of the individual sender and may not necessarily 
reflect
the views of PT Arutmin Indonesia.

Kirim email ke