Nya muhun urang tingali we ke kapayuna siga kumaha... obrolan nu kieu mah kudu 
tepung langsung tuda kang, mun dinu milis mah sok loba salah diartikeun.... 
sapuk



________________________________
Dari: waluya2006 <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Kamis, 2 April, 2009 19:17:39
Topik: Re: Bls: [Urang Sunda] Monyet molor.


>  Tessar Wardhana <tessar...@. ..> wrote:
> ah nya urang tingal we ayeuna mah kapayuna siga kmh, kang W? sanes 
> kitu... hehehe 
> katingal ku abdi mah nu golput ti tiap pemilu beuki loba wae. duka 
> kunaon tah...

Golput beuki loba teu masalah, di Amerika oge dina Pemilu, lamun nu milih tepi 
ka 60% wae geus alus. Motivasi nu Golput rupa-rupa teu saragam. Aya nu ku 
alesan ideologis tapi jumlahna  ngan saeutik. Tah nu loba mah malah nu teu pati 
perhatian kana urusan ideologi jeung politik. Omongna teh: kumaha wae lah, 
sarua wae, nya sukur-sukur lamun leuwih alus. Golput golongan ieu, bisa 
digolongkeun manusa pragmatis, jadi kade ulah ngarep-ngarep dukungan ti 
golongan ieu lamun urang boga ideologi nu rek didagangkeun.

Nu dipikahariwang mah lain golput, tapi lamun partey-partey parasea, teu narima 
hasil Pemilu. Bisa chaos. Dina suasana "rusuh",  sagalana kamungkinan bisa 
kajadian. Lolongkrang tah keur nu rek nerapkeun ideologi sejen salian ideologi 
nu dipake ku nagara ieu!

Lamun chaos teh, ah leuwih hade ngungsi we, nyieun parahu nyabrang ka 
australia, sugan tepi ..hehehehe. Nurutan urang Irak, Afghanistan, Pakistan nu 
malabur ti nagarana, ngajarugjug australi, teu tahan cicing dinagarana nu pinuh 
ku kekerasan.

Salam,
WALUYA





      Berselancar lebih cepat. Internet Explorer 8 yang dioptimalkan untuk 
Yahoo! otomatis membuka 2 halaman favorit Anda setiap kali Anda membuka 
browser. Dapatkan IE8 di sini! 
http://downloads.yahoo.com/id/internetexplorer

Kirim email ke