Hatur nuhun kana pangwilujeng ti sadayana, mugia sadaya du'a dikobul ku Gusti 
Nu Maha Suci. Amiin. 

Pun anak nu ka dua teh, awewe. Lahir di RSB Harapan Bunda, Jl Pluto Margahayu 
Raya kaping 30 Maret tbh 06.29, pjg 46 cm. 

Wastana "Hasna Rucita Adnin". 
Ari Hasna hartosna geulis (bs Arab), Rucita (bs Kawi) hartosna binangkit, loba 
kabisa, Adnin nyaeta Adnan versi awewena.. hehe..

Ayeuna tos di Jatinangor deui, dinten enjing bade ka Garut margi bd ekah di 
Garut dinten Mingguna.. :)

Sakali deui hatur nuhun :)

~indung bagja + hasna~


--- In [email protected], "roro_rohmah" <roro.roh...@...> wrote:
>
> Ngiring bingah... mugia tuang putra janten jalmi shaleh/shalehah 
> (istri/pameget?), bener, cageur, bageur, pinter & singer, bakti ka ibu 
> ramana. Amin.
> 
> ro2
> 
> --- In [email protected], ua duq <dudi.herlianto@> wrote:
> >
> > bagea
> > bagja kumanjangan
> > meunang bungah
> > 
> > bagea
> > 
> > 2009/3/30 mj <jamal@>
> > 
> > >
> > > tadi meunang SMS ngabejaan, Kumincir aka iskandar alisyahbana asgar,
> > > kuncen kusnet, oge batur hirupna, pupi, geus boga bati deui, nu ieu mah
> > > istri, adina Bagja. wilujeng & follow happy.
> > >
> > > mj
> > >
> > > http://geocities.com/mangjamal
> > > http://mangjamal.multiply.com
> > > ._,___
> > >
> > 
> > 
> > 
> > -- 
> > d-: dudi herlianto :-q
> > ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
> > uaduq.co.cc
> >
>


Kirim email ke