Sampurasun baraya...
Islam mah agama gampang, sagala rupana tos aya "manual book" na. nya
dina masalah "mana nu bener" diantara organisasi atawa aliran nu aya di Islam,
Islam geus mere cara2na/metode neang nu bener2 bener. panginten sadaya ge tos
terang, patokan keur muslim mah nyaeta 1. Al Qur'an, 2. Sunnah Rosulullah saw.
tapi kudu diinget nafsirkeun Al-Qur'an ge teu bisa sagawayahna ku uteuk
sorangan, aya metode na nyaeta ku tafsir, 1.tafsirkeun Al-Qur'an ku Al-Qur'an
deui, 2.tafsirkeun Al-Qur'an ku dawuhan Rosululloh saw, 3.tafsir Al-Qur'an ku
para sahabat, tabi'it, tabi'in nu tos teu diragukeun deui elmu pangaweruhna
dina sual agama. tong ieu mah kakara calon sarjana s1 iain atawa uin atawa
unipersitas2 sejenna geus wani2 ngagadabah eusi Al-Qur'an ku uteukna sorangan.
tah matak dina geus lulusna, Islam na teh jadi ngaco, contona "nabi" di
komunitas eden, pan eta teh lulusan uin jakarta, malah eta mah geus nyieun
agama sorangan. loba keneh nu siga kitu, ngan teu nyirikeun teuing
kasesatannana model komunitas eden, kelompok maranehna tetep make embel-embel
ngaran Islam ditambah ku jargon2 samodel "ISLAM YANG MEMBEBASKAN". ngusung
prulalisme(kabeh agama sarua,euweuh mu'min atawa kapir,kabeh ge bakal asup
surga),feminimisme,sekularisme,jsb. nu leuwih parah, nu dianggap/ngaku
"cendekiawan muda muslim" lulusan luar negeri mimiti nyoba ngaleungitkeun
metode tafsir Al-Qur'an, diganti ku metode hermenautik...naon lah...nu ku urang
nasrani mah dipake nafsirkeun kitabna. malah geus nyieun tafsir Al-Qur'an make
metode kumaha karep manehna tea ngan ku depag teu di asese(kasian deh lu...!).
metode hermenautik ieu disebarkeun di unipersitas2 islam di indonesia ngaganti
metode tafsir nu geus baku, malah keur ngeleketek ka pasantren2, untungna di
pasantren mah kadar kaimanan na masih keneh kuat sanajan dikeleketek ku duit 50
juta. beuki tah tambah ruksak wae penafsiran ayat2 dina Al-Qur'an teh. geus
puguh ku urang nasrani na ge eta metode teh geus dianggap gagal. geus nyaho
gagal kalahkah diterapkeun ka Al-Qur'an, lieur... Al-Qur'an mah geus teu kudu
di utak atik deui, ap tu det (ceuk urang deungeun mah) tepi ka akhir jaman.
euweuh nu kudu "disesuaikan" deui da jelas2 lain buatan jelema. tinggal tanya
ka diri urang sewang2an, naha urang teh geus ngamalkeun eusina?
kumaha baraya, masih keneh bingung neang nu "bener"???
kahade ah...bingung katutuluyan akhirna...jadi nyieun aliran torekat sorangan
nu asa pang"bener"na...
geningan bener dawuhan Rosululloh saw:"Islam teh ruksak lain ku deungeun2/urang
kapir tapi ku urang Islamna sorangan".
wassalam...