di nagara deungeun-deungeun mah sok ngayakeun referendum mun aya pilihan
model kitu. cara di swedia, denmark, soal milu atawa henteuna make duit
Euro.

di urang ge nu panganyarna, jaman BJ Habibie presiden, ngayakeun
referendum pikeun urang timor timur, naha tetep gabung atawa misah ti
indonesia. hasilna, misah. cenah mah, samemehna, BJH meunang info ti
intelejen, yen mayoritas urang timtim pro indonesia, jadi BJH wani
ngayakeun referendum eta. hasilna sabalikna, da pastina aya provokasi,
kampanye, jsb nu anti gabung. dina tv, salah sahiji ucapan BJH, nu sering
kadenge, tong percayaan ka batur...heuheu..

nu munggaran di urang, referendum nu disebut Papera, soal irian
barat/irian jaya. wargana dimenta milih gabung jeung RI atawa misah,
hasilna gabung.

kuduna mah model referendum kitu pantes diayakeun di unggal proses
pemekaran wilayah, sangkan eta kitu, bener-bener kahayang warga lain elit
politik. utamana model pemekaran nu sebut we sensitif, patali jeung adat
budaya, jsb.

mj

http://geocities.com/mangjamal
http://mangjamal.multiply.com

hayu kang satuju pisan urang ayakeun wangkongan
nu datangna ti urang mayarakat lain ti para pamimpin daerah..
kinten2na kumaha saena nun..


2009/3/18 Ganjar Gumilar <[email protected]>

>   Abdi kang nu TEU SATUJU....
> 2. Ganjar Gumilar (urang Majalengka)
>
> Sok lah, emang kudu aya pendapat kritis kana masalah ieu. Upami peryogi,
> hayu ngadamel  wangkongan nu langkung serius. Hatur nuhun
>
> Pun...
> Ganjar
>

Kirim email ke