Aya nu ngancik na hate pagaliwota rongkah minuhan dada,ngabebela ngaduruk
nguwak ngawik garba. isukan waktu sorot fajar datang ti tebeh wetan,waktu ki
lengser ngagalindengkeun panggero,waktu rupa-rupa kahirupan ditinggalkeun.
Waktu eta sigana kabeh aub seja ngalubarkeun kawajiban nunjukeun kabela ka
lemah cai... Dina sakabeh hate... harepan estu matri...nitipkeun kahirupan ka
para nonoman.Duh KI Sunda sugan aya dulur urang nu makalangan,nyaah ka
anjeun,pengkuh kana tetekon,teu gideur,teudeung ludeung,ngabela bebeneran. 09
April 2009 mugia ulah sulaya tigin kana janji nu digorowokeun kamari.