Pak Haji jeung Pak Ahmad, kapan saya mau disidang he.he..he..
aeh ketang, eta mah lagu pak hakim dan pak jaksa nya.
Curiousity kill the cat.
ceuk bule kitu cenah.
tah urang oge dina saenggoning nyuprih elmu, kahade sing bisa ngajaga
diri. ulah nepika elmu anu dipimilik ku urang teh malik ka diri sorangan.
ngiluan milis JIL, mangga, datang ka pangajiana, pek teh teuing, maca
buku-bukuna, sok wae. tapi lamun terus urang kapangaruhan, anu ahirna
jadi Pion. taah... kade...kade...kade...
Jalma urang (kaasup kuring), pikirana masih keneh sederhana. Can bisa
ningali 'beneath under beneath under beneath under beneath under
beneath'. biheung sabaraha lapis tah 'beneath'-na teh.
bener ceuk mang MH, urang tingali ahlak jeung produktifitasna weh nya.
penganut JIL ahlakna kumaha, penganut suni ahlakna kumaha, penganut
syiah ahlakna kumaha, penganut naon deui ahlakna kumaha.
ok?
***bari nyekelan perah bedog he..he..he...
mh wrote:
Baraya, jigana salah sahiji jurus, ngarah rada objektif dina noong
pamahaman nu beda-beda, ngarah teu ukur klaim pamahaman uing
pangbenerna, pamahaman batur mah kaliru, urang cobaan make model
fungsional. Kira-kira kieu gambarna:
umat ===> [pamahaman-pamahaman] ===> ahlak/produktifitas
Tah dina model di luhur nu dimaksud umat teh, sebut we masayarakat;
ari pemahaman-pemahaman bisa ngawakilan agama-agama, atawa
aliran-aliran pemahaman dina hiji agama, atawa sistem tata nilai
lianna; nu panungtung outputna sebutkeun ahlak masyarakat, atawa
produktifitas gawe, jeung sajabana.
Ayeuna urang toong ku urang masing-masing we heula, tong waka heula
noong batur, cing golongan agama mana, pamahaman mazhab mana nu geus
bisa ngahsilkeun ahlak manusa nu hade, produktifitas gawe masyarakat
nu hade, kamajuan sains jeung teknologi nu hade, jeung sajabana.
(mh)
2009/4/8 Ahmad Dimyati <[email protected]
<mailto:a_dimyathi%40yahoo.com>>:
> Panuju kang Haji. Jalma mah moal weleh diajar nepi ka awak ngagoler
ngujur
> ngaler, aeh.... nyangigir nyanghareup kiblat. Malah aya mursyid
tarekat nu
> nyebatkeun geus di alam kubur ge suluk jalan terus bari leuwih hese. Mun
> geus ngarasa pangbenerna mah bari batur salah meureun nyaruaan Pangeran.
> Na'udzu billahi min dzalik. Sim kuring ge teu ngarasa JIL, milu
milis JIL
> the dina raraga ngaji neangan luang jeung pangalaman. Sok milu oge
ngaji di
> usrohna salafi, milu dzikir jeung shalawatan. Sugan wae hirup tambah
hade,
> beuki ngarti beuki daek ngabdi ka Gusti nu Mahasuci.
> Nuhun kana taushiyahna ti sadayana.
>
> AD
>
> Ahmad Dimyati, Pembelajar sejak dikandung hingga dikubur
>
> ________________________________
> From: H Surtiwa
> Date: Wed, 8 Apr 2009 06:46:24 +0700
> To: <[email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com>>
> Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: <JIL> Mendudukkan Pluralisme Agama
(Syafi'i
> Ma'arif)
>
> Asa aneh patarosanna...siga anu siap ganyag JIL ? Pan ieu mah arena
> rahulisme..objekna kedah diperlakukeun objektif ....tah sae wae anu
tiasa
> nganalisa tentang JIL..mangga ngarahul. Abdi mah tos ngondang Dr.
Komaroedin
> Hidayat dina acara pangajian sina kongkorongok naon ari JIL teh.....Kitu
> deui tokoh Syiah A Shihab oge kongkorongok dina pangajian BDI..Anu
penting
> mah keyr sayah "knows sombody where is coming from "/..Ari rek
didebat dina
> forum mah hese gawe meakkeun waktu..da jawabna oge "Ieu pamahaman
> kita....tidak mengklaim ini benar....atau yang paling benar". Sami
oge anu
> to golongan Akadian...(salah sahiji M anager di Pausahaan sayah behula
> tokohna)...nya manehna ngabeberkeun konsepsi pamahamanana....nya
jelas beda
> jeung mayoritas...
>
> On 4/7/09, irpan rispandi <[email protected]
<mailto:mr.rispandi%40gmail.com>> wrote:
>>
>> atuda ararateul he..he..he..
>> papada baraya Kusnet rame adurenyom ngeunaan JIL. tapi kuring teu nyaho
>> saha anu dipihak JIL saha anu lain JIL. lamun puguh kan ngeunah
>> mengikutinya.
>>
>> lamun ayeuna kan ribet, ceuk si ieu 'Cenah JIL teh kieu', ceuk si eta
>> 'Cenah JIL teh kitu'. Ceuk kuring 'Cenah JIL teh membahayakan'. Tuh
>> kapanan masih keneh 'Cenah'.
>>
>> ari kitu mah aya jelema anu jadi penganut JIL, kapanan manehna
nyahoeun
>> sabenerna JIL teh kumaha. Salahna dimana, ngawujudkeun tujuan maranehna
>> pikeun ngaruksak teh kumaha carana. jrrd.
>>
>> nu matak kuring nanya, saha baraya Kusnet anu menganut JIL?
>> kitu.
>>
>>
>> ua duq wrote:
>>
>> buseeeett... cucuk euy....
>>
>> 2009/4/7 irpan rispandi <[email protected]
<mailto:mr.rispandi%40gmail.com>>
>>>
>>> Cikan di kusnet aya urang JIL teu nya?
>>> coba ngacung...
>>> aya teu, urang ngobrol yu?
>>>
>>>
>>> ***bari ngagilirkeun perah bedog he..he..he...
>>>
>>> H Surtiwa wrote:
>>>
>>> Gampil wae .mangga taroskeun ka urang2 JIL kunaon marenehna kurang
sreg
>>> neurey buleud2 eta "imanulyakin" teh ?. Pan eta pasualanna mah..Teras
>>> lamun
>>> ngadu renyomkeun imanulyakin mah..pan langgeng tiasa berabad2...
>>>
>>> ._,___
>>
>>
>> --
>> d-: dudi herlianto :-q
>> ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
>> uaduq.co.cc
>>