Peuting teu biasana simpe,basa waktu lumpat ngajorelat mapag isuk nu rek
datang,didieu aya hajat gede nu geus dikemprungkeun ti isuk mula,asa euweuh
tungtungna sanggeus ngahiapkeun baraya,sanggeus nyakseni kariweuh jeung
kahimeng nangtukeun saha nu rek dipercaya,geuning gawe teh asa taya tungtungna.
Ayeuna geus panjeg janari,dina tanaga nu geus suda,dina sesa sesa kasumangetan
jiwa jeung raga terus dipaksa ngangeuskeun tugas ti nagara. Duh para nonoman
partai plitik,beu para caleg nu rek manggung,sasat ngabelaan salira geus sagala
diculkeun.
Lamun aranjeun nu kasinunggrahan kapercayaan isukan,poho kana temah wadi... asa
teu dihargaan sagala nu geus dilakonan ku kuring saparakanca.
Pangemut-ngemut basa ngarekap hasil pemilu 2009... sigana moal ngerejep nepi ka
isuk.
Firefox 3: Lebih Cepat, Lebih Aman, Dapat Disesuaikan dan
Gratis.http://downloads.yahoo.com/id/firefox