Poe Kemis isuk-isuk, pas poean milih, jam satengah genep isuk-isuk, asa salaleger hawa teh, lebar lamun teu olah raga leuleumpangan ka tonggoheun lembur kuring. Kop kana sapatu olah raga, gagancangan kaluar ti imah, ngagidig leumpang. Pas ngaliwat ka TPS dimana kuring engke nyontreng, ngan aya satpam keur nundutan dina korsi jeung saurang pulisi nu keur nyanghareupan cikopi mani ngebul keneh. Teu tunyu-tanya, terus we ngagidig ngajugjug jalan nu katongghoheun kuring. Jalan mani sepi, motor ukur hiji-dua. Di tempat mangkal tukang ojeg, ngan aya dua motor, biasana mah tepi ka puluhan ngajajar.
Jalan katonggoh netek, napas ngos-ngosan, tapi panon mah tetep tempa tempo, pangpangna kana TPS-TPS. Aya nu diburuan imah nu lega, aya nu garasi imah, aya oge nu di tanah kosong. Tapi acan katempo aya kagiatan, maklum jam genep oge acan. Kuring terus kaluhur, tepi ka cipruk ku kesang. Kurang leuwih 30 menit, balik deui ka handap, ngan motong jalan, gang leutik nu teu asup mobil. Ari turun mah, kuat bari lumpat. Bari ngabigbrig lumpat, katempo ti kajauhan di palebah imah pangalusna, aya terpal dipasang, ngaroyom kahareupeun jalan. Loba korsi lipet dimana-mana. Jeung anehna loba jelema ngagimbung. Jero hate, hebat yeuh palebah dieu mah, antusias pisan masyarakat kana milih, beda jeung nu katempo tadi, nu masih sararepi keneh. Ngan waktu pas kahareupeun imah eta, aya bandera koneng dipasang ditalikeun kana tihang listrik. ... Inalilahi geuning lain TPS eta mah, aya anu maot. Karunya teuing, pas poean milih, malah kapapatenan. Jam 7 pas, tepi ka imah. Pamajikan ngangajak milih isuk keneh. Cenah ngarah sepi keneh, henteu ngantri. Atuh teu mandi-mandi acan, langsung we mawa surat panggilan, ka TPS. Di TPS milih acan der, keur siap-siap. Kuring hulang-huleng, rek milih naon nya. Nempoan para caleg nu ditempel di luar TPS, kabeh teu wawuh. Acan aya kaputusan yeuh dina hate milih nu mana. Surat panggilan dibikeun ka petugas. Kuring ngobrol jeung tatangga bari nungguan. Ari sugan teh kuring wae nu hulang-huleng bingung rek milih nu mana, tatangga ge sarua. Ceuk kuring teh ayeuna mah asup we ka tempat nyontreng, sugan geus nempo surat sora mah aya ilham. Dikitukeun teh tatangga ukur nyerengeh. Teu kungsi lila, milih mimiti dilaksanakeun. Nempo nu mimiti milih, eueleuh geuning kertas sora teh mani kandel jeung sabebed kitu. Kuring rada waswas, lain kunanaon, kumaha ngalipetna deui, rumasa kuring mah lamun ngalipet koran oge sok kaliru wae, jadi teu rapih. Keur mikir kitu, kuring digeroan ku petugas ...walah kuring kabagean nomer tilu yeuh, kaasup pangheulana. Blus asup ka TPS, meunang kertas sora opat lambar. Bus asup tempat nyontreng. Bray kertas sora dibuka, meg teh tambah bingung, alah mani loba kieu, saha atuh nu kudu dipilih? Aya nu karasek-keresek di sabeulah, direret geuning pamajikan oge keur rek nyontreng. "Mah..Mah, milih nu mana?", kuring ngarewos lalaunan "Eh ngerakeun tatanya, contreng we bari peureum, ngarah tereh", harewos pamajikan. "Heueuh bingung", ceuk kuring teh bari kop kana ballpoint, contreng weh bari diteken ....na ari bros teh toblos! Ah bae rek sah, rek moal, pokona mah geus contrang-contreng ..... Beres nyontreng, kertas sora dilipet deui, terus dipariksa dibulak-balik, bisi ngalipetna tibalik. Cilaka lamun tibalik teh engke katempo kuring nyontreng tepi ka toblos. Beres teu kaciri. Geus kitu nuju ka kotak sora, kertas sora diasup-asupkeun kana kotakna. Memeh kaluar ti TPS curuk kuring dianclomkeun kana mangsi. Teu abral-obrol heula jeung tatangga, ah langsung we balik ka imah, leumpang ngagandeuang senang, bakating ku ngemplong saperti nu tas kaluar ti WC ..... WALUYA

