rada carape keneh yeuh. karek mulang ka bandung jam 2 peuting.
saptu-minggu ka kanekes baduy. tadina si ua sasmita bade ngiring, hanjakal
his body not delicious (tidak enak badan atawa nuju teu ngarareunah awak,
alias rada teu damang). asalna mah rek ngajak pembimbing, sangkan apal,
tapi sami mawon.

antukna ngan si kuring, andiw chinook mantan tukang kaos kusnet-si eta nu
nyupiran kijang inova sewaan, kang hawe setiawan pemred majalah basa sunda
cupumanik jeung atep kurnia, nu tulisana soal sunda sok dimuat kompas
jabar,jeung dhipie kuron, istri, manado-jawa nu lahir gede di cimahi,
manajer andrea hirata.

nya kitu we, sabab urang bandung wungkul. ngalaman sasab. da pangalaman ka
baduy teh sataun kaliwat, bari harita mah jeung kang wahyu, guru SMSR buah
batu, nu urang rangkas.

urang kanekes karek beres panen. jadi keur bulan kawalu tea. kamari teh di
tangtu mah keur aya acara adat, ngalaksa, jadi urang luar teu meunang
asup. bisa asup ka kertawana pabeubeurang. sakeudeung deui rek seba cenah
ka serang (gubernur banten) jeung ka rangkas (bupati lebak).

tadina rek ngendong di bapa samin di cikadu, kusabab sasab heula, nya
ngendong di kampung pang hareupna, ciranji,di imah   pa pulung (ayah
narah), nu taun kamari diendongan. memeh ka ciranji, ka ciboleger
kaduketug heula, sugan panggih jeung pa mursid, wakil desa kanekes di
tangtu (baduy jero), tapi suwung. hawe setiawan aya nu nanya di walanda,
soal bung karno nu cenah boga sobat urang baduy. puun Jandol, nu sihoreng
bapana pa mursid. cek cenah, patung dirgantara di pancoran (patung tujuh,
salah sapuluh patung pesenan bung karno pikeun ngahias jakarta, make model
puun jandol.

cek ki adi nu nyupiran, ti indit nepi ka balik, beak 650km! bedul jauh
pisan. nya katambah sasab puluhan kilometer di bojongmanik jeung balik
neangan pintu tol ti serang-pandeglang. neangan jalan lain da basa indit,
kalur ti balaraja timur, ka rangkas, jalana puluhan km butut kacida.
aspalna rusak. kumaha atuh ratu atut teh..

keur rada pakepuk ku cicing ieu teh, jadi moal waka diteruskeun lalakon
nganjang ka kanekes teh. partey nu meunang di dinya mah pks, partey
kanekes sejahtera. haha

mj

http://geocities.com/mangjamal
http://mangjamal.multiply.com



Kirim email ke