"manusia adalah mahluk sosial", mun teu salah kitu cenah mbah 
Aristoteles ngomongna.
di dunya sato oge sarua, sasatoan rata-rata  hirup bareng ngagorombol. 
ngan saeutik anu hirupna nafsi-nafsi teh.

tah mahluk anu ngarana komputer oge kurang leuwih kitu. Jaman ayeuna mah 
maranehna ngabutuhkeun komputer sejen. Sok sanajan teu saeutik komputer 
anu 'hirup sorangan', tapi nya kitu komputer anu hirup sorangan mah, 
jadina asa kurang rame.

tah lamun manusa, bentuk interaksi sosialna ngawujud dina sababaraha 
rupa. nepi ka aya paribasa 'batur sakasur, batur sadapur, batur 
salembur'. ieu teh nunjukkeun jenjang interaksi antara sasama jalma.
tah di komputer oge kurang leuwih kitu.
aya koneksi anu sifatna hiji lawan hiji (batur sakasur), disebutna 
koneksi peer-to peer.
aya koneksi anu sifatna sawewengkon tertentu (batur salembur), disebutna 
jaringan lokal (LAN=Local Area Network)
aya deui koneksi anu sifatna sakota/provinsi, disebutna jaringan Lega 
(WAN=Wide Area Network)
aya oge koneksi anu sifatna sanagara jeung sadunya, disebutna jaringan 
Internet.

Manusa terhubung jeung manusa sejen teh ku rupa-rupa jenis hubungan, aya 
nu terhubung ku pernikahan, aya nu terhubung ku pertalian darah, ana nu 
terhubung ku organisasi/perusahaan/instansi, jsb. Tah komputer oge teu 
beda, antar komputer teh aya nu terhubung ku kabel, aya nu terhubung ku 
sinyal wireless, aya nu terhubung ku serat optik, jsb.

Manusa berkomunikasi jeung manusa sejen make rupa-rupa bahasa, aya basa 
sunda, basa Ingris, basa klingon he..he..he... tah komputer oge 
berkomunikasi jeung komputer sejen make beragam bahasa oge. Tah bahasa 
komunikasi di dunya komputer leuwih dikenal ku sebutan Protokol. (ulah 
pabaliut tah nyebut Pro-to-kol teh nya).Protokol atawa bahasa komunikasi 
di komputer teh diantarana : SMB, http, ftp, ssh, jeung sajabana.

Sangkan komputer urang bisa gabung kana jaringan, berarti paling saeutik 
urang kudu ningali 3 hal.
- kahiji, komputer urang rek digabungkeun ka jenis jaringan nu mana? 
Peer-to-peer atawa LAN atawa Internet.
- kadua, ku cara kumaha komputer urang bisa nyambung ka jaringan, naha 
make kabel, make wireless, atawa kumaha.
- katilu, sanggeus gabung jeung jaringan, komputer urang arek ngomong 
basa naon? http (browsing internet), ftp (nyokot jeung neundeun file ti 
komputer sejen), ssh (asup ka komputer sejen ti komputer urang) atawa 
kumaha.

sakitu heula.








koneksi fisik, kabel, wireless, serat optik, blue tooth, infrared, usb, jsb.
koneksi bahasa. protokol, http, ftp, IRC, jsb.
ngaran = IP


-- 
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!


Kirim email ke