Bah Maman, nepangkeun abdi Ujang, perkawis Prabu Siliwangi dugi kaayeuna 
abdi bingung saha saleresna anjeunna teh, mung kantos ngaos buku anu medarkeun  
Prabu Siliwangi, upami teu lepat Prabu Siliwangi teh nyaeta :
 
1. Sang Mahaprabu Niskala Wastu Kancana, pupus di Nusa Larang di Gunung 
Wanakusuma, atanapi
 
2. Sri Baduga Maharaja Pajajaran, saentosna 12 taun Sri Baduga dikubur, teras 
digali deui, dicandak tulang2na, teras dibeuleum. lebuna diawurkeun sabagian di 
Rancamaya, sabagian deui dibagikeun ka raja2 wilayahna, kanggo dipusarakeun di 
kabuyutanna sewang2, kukituna henteu ngaherankeun upami seueur makam2 Prabu 
Siliwangi.
 
Mung sakitu anu tiasa kahaturkeun, leres henteuna abdi kirang paos, mung 
informasi ieu diserat upami teu lepat ku nu ahlina nyaeta Drs. Yoseph Iskandar 
/sareng Moh. Amir Sutarga, punten bilih lepat tiasa dilereskeun ku para wargi 
sadayana.
 
Hapunten. 


From: Maman Heryadi <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] 10 taunan Kisunda
To: [email protected]
Date: Thursday, April 16, 2009, 6:04 AM













Sampurasun,, ,

Wargi sadayana, nyuhunkeun dihapunten abah teh bade tumaros manawi, ieu pun 
incu teh naroskeun ka abah perkawis patilasannana Eyang Prabu Siliwangi, abah 
teh teutiasa ngawalerna, manawi aya anu uninga punten pasihan terang....... 
hatur nuhun



























      

Kirim email ke