Sampurasun...
Pesta rakyat(enya kitu?)geus kaliwat. Aya nu bungah aya nu kuciwa. Aya nu tetep 
waras aya nu jadi stres malah loba nu tepi ka gelo.
Nu stres alatan teu kapilih kalakuanana mang-rupa2. Aya nu ngurug jalan(cenah 
rek dijieun sawah deui)pedah ku tatanggana teu dicontreng. Aya nu ngagembok 
sakola,sarua,pedah teu dicontreng ku wargana.Aya nu diusir ti tanah bobogaan 
eta caleg...jrrd.
Lieurrr pan?
Aya alusna oge bebengok caleg nu model kitu teu dicontreng,meureun masyarakat 
ge geus nganilei kumaha kalakuanana.Gagal jadi caleg oge geus siga kitu,komo 
mun kapilih jadi aleg,beuki arogan we meureun...
Cacakan gagal,komo mun boga kawasa...?
Tah kitu dulur2 sadayana...
Ka nu kapilih,tong poho kana jangji2 basa kampanyeu,sing enya2 merjuangkeun 
rakyat.
Ka nu stres,sing enggal damang,mun tos damang mah rek nyalinkeun deui heug...te 
ge teu nanaon.
Ka nu gelo...wayahna sing sabar...omat ulah tepi ka ditataranjang...isin...
wassalam.

Kirim email ke