Haturan dulur kisunda.
Hiji mangsa kuring oge maca berita di koran PR, judulna Panglima Tertinggi
Tangtara AS mempelajari Al qur'an, di Afganistan.
Anu matak kuring ngahuleng, lain kunaon Panglima Tertinggi AS mempelajari Al
qur'an na, tapi kunaon etan Panglima Perang AS aya di Afganistan !.
Ras inget waktu harita, kajadian 11 September, teu gugur teu angin, teu kabar
teu carita ujug-ujug Gedung Putih karagragan Pesawat Terbang, kitu oge
Pentagon, jeung anu leuwih parna dua menara kembar WTC runtuh katabrak pesawat
Boeing 767, nepi ka rata jeung bumi.
Ti saprak harita, Amerika nganyatakeun perang melawan terorisme, anu sakanyaho
kuring tug dugi ka ayeuna keneh pengumuman eta can dicabut deui. Angger nepi
ka ayeuna deklarasi perang can dicabut keneh.
Hasil investigasi anu mutakhir, sanajan ceuk kuring masih pabaliut keneh,
Pamarentah Amerika, via Presidenna nuduh yen dalang suralang kajadian eta
nyaeta Osama Bin Laden anu boga organisasi nu ngarana Al Qaida. Terus
disalidik pelaku-pelaku anu ngalakukeun eta taya lian ti urang-urang Arab anu
disakolakeun ku maranehanana sakola pilot di Amerika, asli warga negara Saudi
Arabia, anu mangrupakeun hasil kerjasama bilateral dua nagara Arab Saudi jeung
Amerika.
Saha atuh ari Osama teh, pan jelas-jelas maneuhna teh asli pituin orang Arab,
malihan mah putra "bangsawan" anu kacida beungharna, NGAN KABENERAN manehna
resep jeung nyentrik hirup jeung berjoang di Afganistan.
Cilaka dua belas, dasar nasib sial, teu puah teu dosa, tu mais teu meuleum,
kulantaran eta si Juragan Osama teh nuju ngalinggihan / ngungsi(diperkirakeun,
dicurigaan yen markas manehna aya di Afganistan, atuh mang ton-ton eta bom
ting beledug jeung ting jalegur di Afganistan. Deudeuh teuing urang
Afganistan. Osama can kapanggih hirup jeung maotna, urang Afganistan nu nyata
jadi korbanna, kitu oge soldadu Amerika parantos seueur anu tilar dunya atanpi
kojor ngabela kayakinan nagarana, kusabab kajadian ieu.
Logika uing anu bodo, naha atuh anu di bom teh lain negara asal Osama Bin
Laden ? Naha bet Afganistan, jeung oge nagara Irak kababawa, dituduh nyimpen
jeung boga Bom Kimia. Tungtung-tungtungna dua nagara eta dugi ka ayeuna
diduduki atanapi di jajah, buktina rebuan soldadu jeung jendral-jendralna araya
di nagara eta.
Rada kaharti lamun Nagara Irak di duduki ku maranehanana alatan boga jeung
beunghar ku ladang minyak, tapi nagara Afganistan naon araheunnana ?
Tah sidik didieu, yen sepak terjang kalakuan nagara AS teh, salain ti ekonomi
oge ku "kayakinan" maranehanana yen nagara manehna salaku polisi dunia, anu
ngatur jeung jadi skenario sagala persoalan politik dunia numutkeun sakahayang
jeung sakaresep maranehanana.
Aya oge babandingannana anu rada deukeut jeung kajadian di nagara urang
kapengker,
keur nanahaon nagara anu ayeuna merdeka, nyaeta TIMTIM diparebutkeun, naon
araheunana, jeung naon pulunganeunana, tapi naha ku Pamarentah ORBA baheula
sakitu diperjuangkeun dugi ka seueur korban tangtara anu ngantunkeun di eta
tempat.. Wah rugi banda jeung rugi harta anu teu ka etang deui.
Tah ari Afganistan naon araheunana? Opium? Atanapi pedah nagara Afganistan,
panguasa maranehanana waktu harita, nya Taliban tea nagarana make gagasan
Syareat Islam, terus ieu mangrupakeun ancaman ka nagara Amerika, naha nagara
Amerika make sieun, apan jarakna oge jauh mela-melu, naha bet usil keun we atuh
antep sakahayang manehna, apan demokrasi, naha bet usil ka nagara sejen ?
Jadi kasimpulan kuring mah, nu ngarana politik teh siga agama, sarua aya
hubunganana jeung kayakinan atanapi kapercayaan ngeunaan hiji pasualan/issue,
ngan bedana ari agama mah kaitanna dunya akherat, ari politik mah ukur
ngudag-ngudak dunya barana wungkul.
Baktos
mz