Alhamdulillah, tos dugi geuning kana waktosna, ngiring bingah Cep Runa* :) Neda dihapunten, Teteh teu tiasa ngaluuhan, numawi aya acara di Jakarta. Wilujeng janten panganten, mugia sing lungsur-langsar janten kulawarga sakinah, mawaddah warohmah, dugi ka pakotrek iteuk. Amin.
salam, ro2 >>> [email protected] 04/21/09 01:19PM >>> Assalamulaikum Wr. Wb. Alhamdulillah dina raraga nyampurnakeun agama oge nedunan sunnah na Rasul, simkuring tos cunduk waktu nincak mangsa na pikeun ngambah sagara kahirupan anu enggal nyaeta kahirupan nu dibeungkeut ku tali laki rabi, nu insya Alloh baris dilaksanakeun: Dinten: Ahad, 3 Mei 2009 Padumukan: Kp. Cihideung Tengah Rt. 05/02, Desa Sukakerti, Kec. Cisalak Kab. Subang Akad Nikah: 3 Mei 2009, Tabuh 09.00 WIB Resepsi: 3 Mei 2009, Tabuh 11.00-16.00 WIB Kalintang bingahna, saupamina saderek sadayana tiasa rurumpaheun kersa sumping ka acara walimahan simkuring sakantenan jajap ku du'a malah mandar kahirupan rumah tangga simkuring kapayuna tiasa janten rumah tangga anu sakinah mawadah warrohmah. Wassalamu'alaikum Wr. Wb. RUNA & IDATH

