Waduh ari kieu mah kapaksa komentarna siga kieu "Hebring euy Pak Mentri
Anton Apriantono...."...

On 4/22/09, Reka "Bohay" <[email protected]> wrote:
>
>
>
> Tanggal 8 april kamari geus ditandatangan SK perubahan Impor daging tinu
> asalna Country Based janten Zona Based ku Mentan.
> Ku ayana SK ieu, memungkinkan asupna daging impor ti Brazil ka nagara
> urang. sedengkeun Brazil teh can bebas ti panyakit mulut jeung kuku (PMK).
> Anehna, padahal kajian ti Departemen pertanian, ku ayana SK ieu msh
> beresiko dapat menularkan PMK.
>
> Memang panyakit ieu teu nular ka manusa, tapi panyakit ieu boga daya sebar
> nepi ka radius 250KM, bisa keuna ka sagala rupa ternak besar jeung hewan
> berkuku genap.
> Mun geus kieu, bisa2 kabeh ternak di urang jadi panyakitan. Indonesia
> padahal salah sahiji nagara anu geus bebas panyakit ieu, jeung kanggo
> ngabebaskeunna diperlukeun biaya Trilyunan jeung waktu 100 tahun. Inggris
> oge butuh milyaran dollar jang ngabebaskeun nagarana tina panyakit ieu.
> Naaaa ari Bpk. Mentan Anton Apriyantono ngadon ngasupkeun panyakit ka nagara
> urang??? Teu boga pipikiran kitu??? Atawa meunang duit ti importir???
>
> Cik ah, kira2 kumaha pendapat wadya balad kusnet???
>
> -Bohay-
>  
>

Kirim email ke