> 23/4/09, irpan rispandi <[email protected]> menulis:
> tah anu sok tukan-teken kieu anu matak teu ngeunah teh.
> dagang mah dagang we tong aya intimidasi sagala.
Enya matak teu ngeunah, komo "ngancam" produk-produk nu diimpor ka AS, bea
asupna rek disaruakeun jeung nagara-nagara nu ekonomina leuwis alus ti
Indonesia. Aya kawijaksanaan Amrik ka nagara-nagara nu kakara hudang, bea asup
barang nu asup ka Amrik, "dimurahkeun", teu disaruakeun jeung barang ti
nagara-nagara maju. Produk-produk nagara kakara hudang nu dibere kawijaksanaan
ieu biasana produk tekstil/ garmen jeung produk2 nagara berkembang sejenna..
Ngan kungsi maca selentingan, cenah aya produk Cina nu dicapan "made in"
Indonesia (meureun di capna di Indonesia) terus dikirim ka Amrik supaya bea
asupna murah. Lamun teu salah kaasup produk udang. Cilakana udang di Cina sok
kaleuleuwihi dibere obat, tapi kulantaran capna buatan Indonesia, ampir-ampir
udang Indonesia diboikot ....
Dagang, sakapeung sok beda jeung politik ...
Baktos,
WALUYA
____________________________________________________________________
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
http://id.yahoo.com/