Hahahahahha* MJ, duh ni raos gumujeng yeuh* Emut ka pun biang, pami unggal ka pasar bade meser lauk jaer teh patorong-torong heula sareng nu dagangna. Wang ngadongeng sakedik*
"Jang, timana ieu lauk jaer?" "Ti Subang, Bu*" "Kutan di Subang teh loba balong? Ibu mah can kungsi ngalanto ka Subang". Ngobrolna teh bari mantuan nu dagangna milihan lauk jaer kana keresek. Ujug-ujug* "Jang! Kade tong nu eta! Eta mah jaer lalakina!" "Naha ibu apal eta jaer lalakina? Ari jaer awewena nu kumaha Bu?" (nu dagangna nyureng bari jeung hayang seuri) "Jaer lalakina mah hideung, ari jaer awewena mah barodas!" Ceuk hate, jigana jaer awewena mah sok make pemutih atawa bleaching tea hihii* ro2 >>> [email protected] 04/23/09 10:52AM >>> Bedana kuda zebra jalu jeung bikang

