Teh Astrid, nepangkeun abdi Roro, hiji-hijina kuncen istri di antawis para 
kuncen pameget di milis ieu (emansisapi heheh). Siiiiip Teh, bari ngasuh & 
ngagoreng tempe ge tiasa keneh nyerat nu panjang. 

Kiwari istri nu "berkaririweuh" langkung seueur batan pameget. Para wanoja nu 
diwawancara di Kickandy teh mangrupi hiji conto wanoja nu sukses di sagala 
widang, nya karir, nya kulawarga. Buktosna, waktos diwawancara carogena ge 
ngiring ngararojong, malihan mah ngangiring reueus. Matak kitu oge panginten 
aya perjangjian awal sateuacan aranjeunna ngadahup. 

Da masing dikukumaha oge urang teu tiasa "meungpeun" kana masalah2 nu 
dikedalkeun ku Teh Astrid, nya kitu pisan ayana. Uih deui ka kodrat istri, 
sakumaha luhur pangkat hiji istri, sup ka bumi mah angger kedah nurut kanu 
janten caroge. Tapi teu kituna, istri kedah pisan mandiri, namina ge nasib teu 
terang engkena bakal kumaha? Dikantun tugas, papirak atanapi dikantun salamina, 
pupus. Ah, duka ketang Teh* ieu mah mung sabulang bentor hehehe* Teh Astrid 
langkung pangalaman. 

Punten bade ngalereskeun seratan Teteh, teu sawios?
leureus : leres
aleusan : alesan
nyeukeul : nyekel
carampeulak : carampelak
dameul : damel
seuratan : seratan

salam,
ro2



>>> [email protected] 04/23/09 09:50AM >>>

Memang leureus,awewe teh kedah mandiri salain seueur conto na, zaman  jeung 
kondisi ayeuna mah nungtut awewe keudah kiat,tahan banting,kuat mental jeung 
keudah gaduh tanaga cadangan.Contona 

di daerah bandung selatan dayeuhkolot dugi ka banjaran khususna anu status IRT 
pada di daramel di perusahaan konveksi,garment,textil,sapatu jsjb.Kerja demi 
ekonomi keluarga...................................

Anu awon na,nu ngasuh budak,masak,nyeuseuh jsjbna teh jadi di alih tugaskeun ka 
salaki-salakina anu lolobana stts PEJABAT....(pengangguran jawabarat)
Aleusan nana lalaki susah neangan gawe,hese ditarimana ku perusahaan,sabab 
lalaki mah sok loba masalah wani nungtu  perusahaan khususna mslh upah,kusabab 
nimbulkeun karugian ka perusahaan
lowongan kerja teh di prioritaskeun narima krywn awewe.Keur lalaki mah terbatas 
pisan,bagian-bagian tertentu wae sigana 
mah.................................................................................

Ieu kaayaan loba mudharatna tibatan mangfaatna,kusabab kondisi anu teu saimbang 
tea,syukur-syukur awewe na iman na kuat.coba lamun ninggang dinu 
lemah,rata-rata awewe kitu mah sok 
ngalawan kasalakina,nganggap remeh,jeung teu saeutik terjadi 
perselingkuhan.Memang ditingali 
saliwat mah alus,bisa ngabantu perekonomian keluarga.tapi kanyataan na jadi 
datang mslh anyar. 

Ieu teu leupas ti aturan pemerintah,khususna DEPNAKER anu sok ngijinan ka 
perusahaan anu ngagawekeun awewe tibatan lalaki,ujung-ujungna demi ka untungan 
bisnis si ACONG jeung si OKINAWA anu remen ngahuapan jelema-jelema anu nyeukeul 
kakawasaan dina mslh eta.
Ari dicandak normalna mah da IRT teh,aya di bumi wae ngadidik budak bari 
nyampakeun salaki 
datang.......................................................................................................................................

Matak tong heran,lamun barudak anu jd korban lantaran di tinggalkeun gawe ku 
indung-indungna. Perkembangan  mental,akhlak jeung kalakuan na seueur anu 
carampeulak kusabab kurang didikan ti indung-indungna anu jarang aya di imah 
kulantaran di dameul tea......................................................

Cobi lamun pemerintah,teu ngijinan ka si ACONG jeung ka si OKINAWA,anu hayang 
narimaan pagawe awewe tibatan lalaki,na teu hariwang anak INDONESIA jadi 
generasi kurang didikan ti indung ? sabab didikan mah teu cukup ti sakola 
wungkul............................................................

Malah teu sakeudik,di antara na karyawan awewe t eh sok di kawin kontrak ku 
tekhisi-tekhnisi ti nagara china,taiwan,jepang jeung bule,aleusan maranehan 
nana leuwih alus kawin kontrak moal beresiko kena panyakit dari pada neangan 
PSK,ari bangsa urangna mah geus pasti demi uang!!!!
Tapi maranehan nana teu sadar,, geus jadi pelampiasan nafsu bangsa 
deungeun,dasar blegug siah!!!!!!!!!

LAGI-LAGI,GENERASI DAN RAKYAT INDONESIA JADI 
KORBAN.................................. 
Syah-syah wae awewe beremansipasi,tapi tong hilap kana kodrat ti 4jjI 
swt,wanita tercipta dari tulang rusuk pria,sakumaha pinter,kuat bisa ngelehkeun 
lalaki teuteup wae lamun SHALAT mah teu bisa jadi IMAM lalaki,teuteup posisi 
awewe mah shapna di tukang.Omat ah,ulah kamalinaan ber-
EMANSIPASI bilih hilap kana purwacaraka,eh'salah!!! 
PURWADAKSI.....................................

Hapunteun seuratan nana seueur kakirangan teu pikahartoseun,maklum nyeratna 
bari ngasuh pun
anak  bari lulumpatan ka dapur,da eteh na keur ngagoreng tempe!!!!!!
Salam 
Baktos,kasadayana..........................................................................................................

Kirim email ke