Kurah koreh bet mendakan anu aya patula talina sareng abah2 akang2 nu resep nganggo lelepen/ali. "Rasullullah Saw nganggo lelepen tina bahan waraq, saterasna lelepen teh di anggo ku Abu Bakar Shiddiq ra, Umar bin Khattab ra, Usman bin 'Affan ra, ical/ragrag di Bi'r Aris ( taman caket Mesjid Kuba ) ". Dina lelepen aya seratan 'Muhammad Rasulullah' Hadis ieu diriwayatkeun ku Imam Bukhari dina kitab Shahihnya ' Al-Libas bab Khatam Al-Fidhdhah ( Lelepen tina perak ) Al-Hafizh Ibnu Hajar nyarioskeun : 1. Dina riwayat Ibnu Sa'd disebatkeun yen lelepan eta dianggo ku Usman bin 'Affan ra salami genep taun ( Fath Al-Bari juz X : 313 ) 2. Dina riwayat Al-Nasai disebatkeun yen lelepen eta parantos dipilarian tapi henteu kapendak. Al-'Aini nyarioskeun yen Bi'ru Aris nyaeta hiji taman caket mesjid Kuba ( 'Umdah Al-Qari' , juz XXII :31 } Al-bi / taman teh ayeuna dikenal : Bi'r al-Khatam ( Kebon Cincin ) nyaeta tempat lelepen Rasulullah ragrag/ical di taman/kebon ieu dina zaman khalifah Usman bin Affan ra. Hanjakal teu dicarioskeun nahan lelepen teh nganggo/henteu batu ali. Mangga bilih aya nu bade nyobian milari lelepen ieu di Bi'r al-Khatam, sugan atuh diparengkeun tiasa ngapimilik lelepen anu kalintang ageung pisan nilai sajarahna.

