Leres pisan mangjamal, sok ah para wargi sadayana dorong urang sunda nu balenghar sing ngaborong tanah2 sunda supaya kapamilik deui ku urang sunda. Ngarasa seudih ngan teu bisa kukumaha, dipadumukan abdi oge ari urang sunda keur saeutik kk na, baroga tanah hareureut deuih, sabalikna ari seler sejen keur rea kk na, tanahna lalega jeung sigrong imahna, utamina seueur urang turunan arab, imah istana tanahna ribuan meter/kk , ari katurunan cina mah henteu saseueur sapertos didaerah kang manar. Kumaha mangjamal, kaayaan di padesaan sami sareng di perkotaan, utamina bandung ciamis, nu sok sering kakontrol ku mangjamal. Lain tanah wae nu geus ka silih ku junti ge, perguruan tinggi di bandung geus carang dieusian ku mahasiswa sunda, tangtos mangjamal ningal kaayaan di itenas, mudah2an kayaan ieu lepat. Bumi2 diwewengkon pabalatak tempat koskosan, ngan hanjakal nu boga tempat jeung eusina rereana lain urang sunda. ah .... Teuing lepat saha kaayaan seler sunda jadi kieu teh, nu jelas mah kalebet salah abdi pribadi, sok sanaos urang sunda teu palay kaayaan sapertos kieu, tapi kalah di kumaha da kaayaanna memang kieu, mugia kahareup aya urang sunda pilihan anu tiasa moncorongkeun deui sunda . Amin
--- On Mon, 4/27/09, mangjamal <[email protected]> wrote: From: mangjamal <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] cing saha wae nu satuju jeung teu satuju Pamekaran provinsi Cirebon To: [email protected] Date: Monday, April 27, 2009, 8:07 AM haha...naha ente meuni galak kitu? naon otoritas ente? sanajan ngan ukur tulisan, nya atuh teu kudu kitu. ngaracun mah maehan. eta mah kriminal. biasa we, gus. da urang mah ngan ukur aku-akuan. boga sunda,sunda naona? haha. ngan ukur warisan budaya, bari teu apal kabeh, basa, bari geus jarang. kavling atawa taneuh di tatar sunda, si kuring ngan boga 240m2. imahna KPR 20 taun. di lembur aya tanah warisan nini ka bibi, nu dibeli dicicil, ayeuna digadekeun ka adi pikeun neruskeun imah di cihideung. kuduna mah, salaku nu resep jeung gaya susundaan, kudu boga tanah teh hektaran, sukur mun boga gunung. tah, ka sakur US nu boga duit, beuli tanah salega-legana di tatar sunda. mun bisa ulang ngajual tanah, dina ngajualna kudu ka dulur deui. Bandung Spirit kungsi boga program rek kampanye ka lembur-lembur ngaliwatan RT/RW, gerakan tong ngajual tanah. sabab bukti fisik ngan eta. Cariosan abah Surya kapungkur matak nalangsa. Tatar Sunda teh ngan kari dongengna, sabab nu baroga sertifikat mah geus bangsa/seler batur. enya, geus nasib tatar sunda aya di sabudeureun jakarta. beak ku baturs. baheula teh Ika nga sms, cenah urang Pangandaran hayang misah ti Ciamis, hayang nyieun kabupaten sorangan. di jawab, mangga nu penting urang Pangandaran makmur raharja. atuh dina henteunya, nya sabodo teuing. karep saha. aya babasan pamarentah mah ngan purah nyieun jalan wungkul. --- In urangsu...@yahoogro ups.com, Urang Sunda Hudang Euyyy <azzo...@... > wrote: > > satuju kang.. ah eta oge kang ukur 1000 jelema lain kabeh > referendum we lah... mun loba keneh nu urang cirebon jeung indramayu nu > hayang tetap jawa barat/pasundan > nya nu 1000 urang talapung ka kaluar ti jawa barat > atawa urang arak keliling kota kota kabupaten > satuju teu... > geus ateul hayang maurkeun racun ka wahangan cimanuk.... > >

