Urang sunda biasana sok resep make ngaran alias atawa ngaran samaran(sandiasma) 
nickname meureun mun ayeuna mah. Biasana pangarang2 sunda nu rajeun make 
sandiasma teh, aya ki umbara, ki cakakak, nu panganyarna aya pangarang make 
ngaran jurieg g.jarian...heu heu....

Kitu deui dimilis ieu, sok katempo aya nu make ngaran samaran, contona aya 
kumincir ( teuing urang mana heu heu...) aya kebo hideung, aya jajaka.kahayang 
anu cenah geus teu jajaka deui, aya jajaka subang, aya gagak bandung, aya jalak 
pakuan, aya jalak harupat,aya Sirit Uncuing, aya Iteung Cantik, aya kabayan, 
aya Indung peuting, aya Nonggerak,aya nakula, aya sadewa, aya boboho, aya 
boedax angon, jrrd.

Tina salahsapuluh sandiasma nu aya dimilis ieu,sok tara tega nyebutna,komo bari 
jeung nyebutna teu gembleng,saperti kebo hideung, jadi kang kebo, sirit uncuing 
jadi kang sirit.

Taun 2000an, dimilis ieu kungsi geunjleung lantaran kuring make ngaran samaran 
karuhun batawi, disebut karuhun soteh pedah tara balik2 kalembur, karek balik 
lamun geus kadenge takbiran dimesjid, sok kapahung atuh da.

Make ngaran karuhun, nu can jonghok mah nyarangka ka kuring dedemit anu sawaktu 
waktu sok ngajirim, awak bongkok, buuk geus huisan, janggot mabay sadada, mun 
dipapantes mah meureun kawas syeh puji umur dalapan puluh taunan. Katambah basa 
posting munggaran, tulisanana singperengkel, kawas tulisan jurig, da ku virus 
tea, pangeusi milis beuki yakin we yen anu datang anyar teh karuhun anu 
ngageugeuh batawi.

Ngaran samaran karuhun batawi kungsi diganti jadi karuhun anom, maksudna mah 
meh teu disangka geus kolot saperti nu digambarkeun diluhur, pangpangna mah meh 
katingali kasepna heu heu.....Ayeuna da geus katingali modalna jeung deui sok 
remen ngiluan kopdar, ngaran sandiasma teh tara dipake deui.

Polemik ngaran samaran dimilis ieu kungsi jadi bahan adurenyom, basa salah 
saurang anggota milis make ngaran samaran "setan alas" jeung "prabu siliwangi" 
nepikeun ka kuncen bagian seksi gaploks waktu harita turun tangan.

Tah kabaraya anu boga ngaran samaran, sok geura pedar silsilahna meh baraya 
liana apaleun, naon pangna make ngaran samaran eta, naha pedah nge-fans ka 
ucing jadi make ngaran samaran ucing geuring.


  ----- Original Message ----- 
  From: mangjamal 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, April 27, 2009 2:53 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] (unknown)






  bagea dukun abah. hese asup pasti da dukun. nu sigana make jampe pamake 
sagala rupa, padahal teu kudu make nanaon ngan make e-mail.

  hade pisan mun jentrekeun wasta nu saleresna pamasihan-tanda cinta ti sepuh. 
baheula mah rada pageh tah aturan teh, kudu ngajentrekeun ngaran aslina. inget 
keneh kang Syam Ridwan baheula nu asup make ngaran sejen, naon betawi2 kitu. 
hehe.

  mang jamal urang ciamis van galuh
  kuncen #3
  . 

  


------------------------------------------------------------------------------



  Internal Virus Database is out of date.
  Checked by AVG - http://www.avg.com 
  Version: 8.0.238 / Virus Database: 270.6.20/1673 - Release Date: 9/15/2008 
6:49 PM

Kirim email ke