Poe minggu kamari kuring ngajak jalan jalan ka budak ka kota bogor,maksudna mah
rek ningalian hamster bari sakalian ngabenerkeun HP di Botani Square Bogor.
Janari keneh kuring geus nguniang hudang terus ka cai, beberesih, sholat
shubuh, sabada olahraga sakeudeung biur we indit make kandaraan pribadi.
Ningali adina milu, sicikal oge kabitaeun, nya ahirna dibawa dua duana.
Nepi ka kota bogor jam 09.00 langsung bae ka peternakan hamster di sukasari,
nempoan hamster, bisi aya hamster kaluaran anyar. Kabeneran aya hamster anu
model matana beureum, awakna semu kaemasan, jeung buluna rancucut siga nu
baseuh kabanjur cai. Sanggeus ti tempat hamster, langsung bae ka Botani Square,
gedengeun kampus IPB bogor tea. Terus muru Konter Noksiti, nek ngomean Hp
tea,HP teh teu bisa dipaehan jeung dihirupan,ruksak tombol swit on of-na
meureun.
Rengse ngomean HP, budak hayangeun lalajo di bioskop Studio XXI. Kawantu,
tibaheula budak teh can pernah pisan lalajo pilem dina layar gede. Cukup
lalajo diimah bae, eta ge ngan ukur 10 inch,bari gambarna ditoong siga pilem
baheula gambar toong tea. Hehehe.
Bioskop studio XXI teh ayana di lantey 3, dihareupna ngajejer poster pilem anu
nek diputer, kabehna aya 7 studio. Satadina mah rek lalajo pilem Fast &
Furious, anu posterna ngarendeng jeung pilem Indonesia anu judulna “Anak
Setan” bintang pilemna Agus Ringgo jeung Jill Gladis, ngan aneh budak teh
ngadadak jadi embungeun lalajo. Atuh ku kuring langsung ditanya, “Kunaon bet
teu jadi lalajo?” Ari pok teh budak ngajawab kieu “Eta Pah, pan posterna
ngarendeng jeung pilem anu nek ditongton, bisi keur anteng lalajo,
Setanna pipilueun asup ka pilem fast & Furious…!" Sajongjongan kuring
beberekisan nahan piseurieun, nu ahirna ngabarakatak da teu kuat tea. Lah dasar
budak, aya aya bae!