Ngompol (ngomong politik) mah pan hakna unggal jalma. Lamun wacana dialektis geus kajiret kana profesionalismeu prak, nya bahaya oge. Nu nyaleg atawa pengamat pulitik oge gelarna sakurang-kurangna kudu Sarjana Ilmu Pulitik. Kabayang Ajip Rosidi - nu teu kungsi sakola luhur - kudu ngarevisi kahayangna (Ali Sadikin maju jadi presiden).
Ari kitu mah, nu mosting oge sarua, ulah nanya sual nyandung atawa pulitik ka Moderator Kang Kumi, saperkara tacan mampuh, jeungna deui da anjeunna mah tukang ngarendos tulang...haha. Heug, ke peuting kadinya, hayang STMJ. -AG- --- On Wed, 4/29/09, Kumincir Wikidisastra <[email protected]> wrote: From: Kumincir Wikidisastra <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] TEKS ORASI ACEP ZAMZAM NOOR To: [email protected] Date: Wednesday, April 29, 2009, 2:24 PM Di urang mah biasa teu merenah... Misalna bae tatanya urusan pulitik ka Acep Zamzam, Bimbim Slank, atawa ka Iwan Fals. Lain teu meunang atawa ngaremehkeun, tapi da maranehna teh manukna dina widangna sewang2an. Najan enya Iwan Fals karya2na kritis misalna, can tangtu tabah dina sual praktek pamarentahan mah. Pon kitu deui Kang Acep, moal aya nu mangmang kana karya sastrana mah, tapi da anjeunna pan sanes orator... :P Dit, ke peuting ditungguan siah ku uing di Cipto. 2009/4/29 A Gunawan Acep Zamzam Noor teh putrana Ajengan Ilyas ti Cipasung. Kantos nyuprih Elmu di Perugia, Itali. Sajak-sajakna dina basa Sunda nu kakumpulkeun dina bukuna 'Dayeuh Matapoe', kungsi meunang pinilih ti LBSS. Sajak-sajakna nu basa Indonesia bisa jadi ciri angkatan 2000 (mun tea mah aya angkatan). Jigana eta orasi teh puguh curhat, da kuring di millist ge ngan ngadon curhat. Geus ngambay kitu oge kurang jelas nya? Sok komo nu mosting email kawas kuring, nu sauted-sauted. ..

