Kang suhendin,

Dupi di bandrekna palih mana ? tiasa nganjang teu ?

Kaleresan caket pisan ti rorompok di kurnia.

 

Pedah aya kebon sajengkal hoyong dipelakan jati, sapalihna tos dipelakan
tangkil.

 

Salam

Dudi D Dahlan

 

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
Behalf Of suhendin
Sent: Wednesday, April 29, 2009 11:34 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: RE: [Urang Sunda] [naros] : Binih Jati Emas....

 






Punten, panginten ieu wleran telat, namung mugi2 tiasa janten pertimbangan.

 

Si kuring langkung seneng nyebat jati "Kultur Jaringan" di banding "Jati
Emas", margi "Jati Emas" mah merek dagang, ayeuna seueur nu malsukeun.

Sae sareng henteuna Jati Kultur jaringan atanapi Jati Emas, gumantung kana
tangkal Jati Induk-na. 

 

Nu ngical binih jati Kultur Jaringan, diantawisna tiasa ka:

 

1.       Jati Arthamas, tiasa ditoong di: http://jati-arthamas.com/

2.       Jati Jumbo, tiasa ditoong di: http://www.jatijumbo.com/

 

Kaleresan si kuring parantos melak sekitar 2000 tangkal di daerah
Bandrek-Cibatu Garut (foto ditangkodkeun).

Sateuacan melak 2000 tankal, kuring nyobian melak sababaraha tangkal, jati
Emas/Kultur Jaringan sareng Jati tina siki.

Ternyata pertumbuhanna teu benten. Janten si Kuring mutuskeun kanggo melak
jati anu sumberna tina siki, margi:

1.       Akar langkung kuat

2.       Langkung tahan tina panyakit

3.       Pangaos langkung mirah.

 

Kanggo pelakeun awal usum hujang engke, si kuring ayeuna-mah ngadamel bibit
nyalira tina tangkal iduk JPP (Jati Plus Perhutani)

 

Sakitu heula inpormasina, bilih aya patarosan perkawis penanaman sareng
perawatanna, mangga diantos.

 

Baktos,

Hendin

 

 

 

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
Behalf Of ikmal
Sent: Tuesday, April 28, 2009 11:09 AM
To: Urang Sunda
Subject: [Urang Sunda] [naros] : Binih Jati Emas....

 







Assalamu'alaikum Wr.wb.

Kahatur para wargi sadaya, bilih aya anu gaduh wartos perkawis anu 
ngical binih jati emas, disuhunkeun kasayogian nana ngawartosan ka sim 
abdi, hususon di wewengkon subang.

hatur nuhun,
diantos wartosna,

pun,

ikmal




*****************************************
Sekarang Gratis Nelpon SLJJ Flexi diperluas   ke  
Yogya
*****************************************

 


*****************************************
Sekarang Gratis Nelpon SLJJ Flexi diperluas   ke  
Yogya
*****************************************

Kirim email ke