> Tata Noers <tatano...@...> wrote: > Ari Babi Rusa Haram henteu nya ?!
Haram Kang, sabab Babrirusa mah sato dilindungi, beak atuh lamun dihalalkeun mah. Babirusa beda GENUS jeung babi, janten sanes babi. Padahal babi oge kabagi-bagi sababaraha species ngan untungna aranna tetep babi, teu beda-beda. Coba lamun aranna beda, siga embe jeung domba, rada lieur, da sabenerna mah domba jeung embe teh sagenus ngan beda speciesna wungkul ..... Tapi dina basa inggris mah aya sababaraha aran keur babi teh: pig, Hog, swine, boar. Duka aya bedana duka henteu tah antawis hog, pig, swine jeung boar teh .... Dina Basa Arab salian ti Al Khinzir, kira-kirana aya aran sanes keur babi? Cik sugan aya nu terang ..... Baktosna, WALUYA

