cing aya teu lemburna nu boga web sorangan? heuheu. mangga buka www.cihideung.com, eta desa di kaleren bandung, tempat si kuring bumen-bumen jeung anak oge incu mitoha. cihideung teh katelah desa kembang tea
kanu salse, saptu minggu mangga ngulampreng ka cihideung, balanja sarupaning kembang. sakalian ngawartosan baraya kusnet, imah anak incu mitoha tea alhamdulillah geus jadi, sanajan sapotong. gambarna dua lantey, jadina salantey. can tumpengan, da mun bisa mah tumpengna ulah siga gunung cikurang, tapi siga gunung tangkuban parahu, da kabeneran nyanghareup gunung tangkuban parahu alamat, grahapuspa blok b3 no 8b. ti portal satpam, mengkol katuhu. pilari bumi sapotong cet hejo daun. ditungtung kaler grapapuspa, aya cafe Sapulidi. kanu teu acan kantos, gambarna tiasa di toong di mangjamal.multiply.com, sapulidi modelna teu pati beda jeung kampung Daun, tapi nu ieu mah katembong leuwih jadul. model saung duka timana da handap pisan sorondoyna.

