Salaku usa [ urang sumedang asli ] abdi ngiring reueus yeuh ka aki, salahsawios pangarang sunda anu tos moyan, mamanawian atuh tiasa kaseblok pangaweruhna. Kapungkur mah kungsi ngaladog ka tutugan cakra teh, enya raoseun hawana, komo bari ngabobonceng siteueul mah he he....
Perkawis dongeng si Kabayan, samemeh diilo mah tos diirong yen si Kabayan teh jalma ngedul pamelidan tapi seueur akalna ,malihan dipapantes langkung ngedul ti dongeng dongeng nu tos aya, tapi geuning si Kabayan ieu mah beda, kayungyun pisan sarta soleh deuih. Tah ieu panginten salahsawios kaleuwihan pangarang, ku pangarang mah hiji tokoh teu meunang embung dikukumahakeun ge kudu daek wae kaasup si Kabayan he he.... Mudah-mudahan atuh ku ayana dongeng dongeng si Kabayan model kieu, tiasa ngangkat citra sunda, sanajan cek lagu "si Kabayan urang sunda tapi urang sunda lain si Kabayan" Lamun si Kabayan citrana tos robah, daekan,soleh, beunghar, sarta kasep deuih he he....asana lamun sair lagu tadi dirobah kawas kieu " si Kabayan urang sunda, urang sunda kawas si Kabayan" kabeh urang sunda moal kabeuratan. Ngan masalahna lamun aya jalma unggal poe gawena ngan ukur nanangkeup tuur,mun dititah cukup dijawab ku hoream, meureun moal pas deui mun digeuhgeuykeun "Ih dasar si Kabayan!" Sakitu we etang etang pangwanoh ti abdi, diantos dongeng dongeng salajengna! baktos, syam ridwan ----- Original Message ----- From: Ki Leuksa Sunda To: [email protected] Sent: Thursday, April 30, 2009 6:58 AM Subject: Re: [Urang Sunda] si Kabayan Upami kalakuan si Kabayan didongengkeun dina lalakon anu garoreng wae, engke citra Sunda goreng wae. Sabab si Kabayan saolah-olah jadi ICON urang Sunda. Numawi urang sasarengan, si Kabayan teh robah kalakuanana, kanggo ngarobah image Ki Sunda. Urang geus meujeuhna tandang makalangan, warisan karuhun anu sae urang mumule, anu awon mah urang singkahkeun. Memang hese, tapi da kedah ditarekahan... Cag..

