biasana Sabuga mah tara disebut Graha. haha. Sasana Budaya Ganesha, disingget 
Sabuga. 

nya perkawis bade deklarasi di bandung, sae pisan. ngan ulah nyalonkekun si 
kuring jadi cawapres, sanes alim, tapi moal mungkin! haha...ongkoh keur pakepuk 
ku cicing tea. alesan lain, bisi eleh kasep. hehe

bandung kota inspiratif? seug lah. tapi nu leuwih jero mah, bandung teh the 
city where indonesia begin. cara philadelphia, where america begin. bedana 
philly mah jadi tempat dideklarasikeunana konstitusi amerika, ari bandung mah 
apan kota tempat bungkarno ngarintis perjuangan kemerdekaan. di bandung bk 
sakola, nyieun PNI, pidato politik di tegallega, dibui belanda, nikah jeung bu 
Inggit, nu nganteur bk ka gerbang kemerdekaan. tapi menta dipirak ari rek 
dicandung mah. harita bk dipiceun walanda ka bengkulu, pendak jeung fatmawati, 
nya langsung jatuh cinta, da playboy tea haha.

sacara politis cap heureuy, memang Hatta Rajasa pantes dijadikeun cawapres, 
sanajan asana mah teu kasep, rambutna bodas sadayana. nu penting capresna 
kasep. masalahna sepele, ke gambar presiden jeung wapres teh apan ditapelken di 
tembok sakolaan. kudu nu sedap dipandang atuh. haha.

enya HR ketua IA ITB, sanajan si kuring harita milih ceu Betty. saacan HR, 
ketua IA teh Laksamana Sukardi, keur jadi meneg bumn.

geus heula, punten da  ngacapruks.

--- In [email protected], "waluya56" <waluy...@...> wrote:

> 
> Hatta, yang diajukan PAN sebagai calon wakil presiden Yudhoyono merupakan 
> Ketua Alumni ITB. Kabarnya, tempat yang akan dipilih untuk deklarasi adalah 
> Graha Sabuga, ITB.
> 
> GUNANTO E.S.
>


Kirim email ke