> From: "Nana Sutrisna" <[email protected]> > Di jalan darat ti Rengat arah ka Tembilahan/Riau aya tatangkalan anu > dipikaresep ku > cika2, anu eunteup panginten ngaratus mah, jadi si tangkal teh rek jiga > pohon natal, > hurung sakurilingna. Tangkal naon eta teh kulan..? Manawi aya nu tiasa > masihan > pencerahan....
Lamun teu lepat mah jalan Rengat-Tembilahan mapay/ caket walungan Indragiri. Di sisi walungan di Sumatera atawa kalimantan sok seueur pisan cika-cika. Kuring kungsi tumpak parahu ti peuting mapay-mapay walungan Sambas di Kalimantan. Waktu mimiti naek parahu, geus poek mongkleng ukur dicaangan ku senter. Sanggeus 10 menit ninggalkeun darmaga, pas ningali ka sisi, kacida hookeunana sabab sapanjang sisi walungan siga diwatesan ku sinar-sinar laleutik rewuan, reup bray mantul kana cai, kalangkangna gerak-gerak ku ombak. Aneh, asing jeung geueuman, rarasaan teh duka dimana .......... Baktos, WALUYA

