sumbangan buku ti grup astra tea geus dianteurkeun ka pangulinan. kamari geus disortir. teu sadaya buku tilas. seueur oge nu anyar. buku-buku nu weuteuh, buku bacaan barudaks, geus dikardusan deui. buku urut-lolobana buku palajaran- masih ditumpuk di kardus sejen. biasa ari buku palajaran mah rada kucel jeung geus dicorat-coret minimal ditulisan nu bogana.
rencana teh hayang nyumbang ka rancah, da aya proposal pikeun pabukon ti yayasan di rancah, aya cabangna di bandung. geus lila ngirimna mah. salian ti eta, hayang nambahan koleksi pabukon nu geus aya. tantan di bogor oge hayang nyieun pabukon cenah. ke urang bagi-bagi. sakitu heula laporan program pabukon kusnet, pasaka tea, pabukon simpay katresna.

