mun ngayakeun survey, basa mana nu panglobana dipake di nusantara, nya dumasar ka jumlah populasi mah meureun basa jawa. basa nasional bisa kadua atawa katilu, sabab dipakena ngan di tempat jeung antar manusa nu tangtu. meureun mayoritas di pake di jakarta jeung kota-kota gede.
mun aya survey, basa indung nu mana nu panglobana dipikawanoh ku dulu seler sejen, atawa seler sejen barisaeun, bisa jadi basa sunda. alesanana kahijina, geus ti baheula mula, sebut we jaman sukarno sakola di bandung. manehna jadi bisaeun jeung maher basa sunda. sigana kitu oge nu sejen seler ti mana mendi. mun di banding wilayah nusantara nu panglobana didaratangan, nya jakarta, kaduana tangtua wilayah pasundan, tatar sunda, bandung jeung sabudeureun jakarta. sanajan sigana kaayeunakeun teu kabeh nu ngumbara ka urang daraek diajar basa sunda, utamana 'kelas atas' ku keterbatasan gaul jeung lingkungan. sanajan cenah di itb baheula loba kadenge basa jawa, dipake ku urang jawa nu kuliah di dinya, tangtuna maranehna oge jadi barisa basa sunda, hususna nu gaul. mun aya survey loba mana urang sunda bisa basa jawa jeung urang jawa atawa seler sejen bisa basa sunda, tangtu urang sunda eleh. da us nu ngumbara di lembur batur, leuwih saeutik ti seler sejen nu ngumbara di urang. hehe.

