Leres ..Allah swt nyipatakeun sagala anu aya didunya keur dimangpaatkeun ku
manusa..sanes dilaljoan wae....Manusa ditungtut makena kudu bijak aya
prosedurna..ulah nepi ka teu saimbang..Konsepsi lindungan lingkungan oge ya
anu ngaco ekstrim teuing leuwihn ngahargaan kana alam ..flora jeungm fauna
ti batan ka manusana....aneh..Padahal definisi anu populer mah ngalindungan
alam jeung ekositem kaasup sagala mangkeluk
anunngeusianana..flora..fauna..manusa........Ngan masalah prosedur...sapele
pisan.....

On 5/16/09, ua duq <[email protected]> wrote:
>
>
>
> cek kuring mah, sagala nu dipake atawa kapake pasti ngaruksak. jeung geus
> sunatuloh, manusa kudu make, manusa kudu ngaruksak. ngan meureun nu kudu
> dipikiran mah, kumaha cara sangkan urang teu pati teuing ngaruksak. mun bisa
> mah laju karuksakan teh sarua jeung laju ngomeanana. pamakean plastik,
> kertas, atawa naon wae bakal ngabahayakeun lamun kaleuleuwihi. bakal teu
> ramah lingkungan.
>
> salasahiji cara keur ngurangan laju karuksakan pamikir kuring mun teu
> kapaksa-paksa teuing mah penggunaan bahan-bahan sakali pake mending
> ditinggalkeun. kaideuan ku babaturan kuring kungsi nyieun slogan: back to
> carecet (hayang seuri koneng sabenerna mah nyieun eta slogan teh. asa
> ngaletak ciduh sorangan, najan ciduh sabenerna mah can kamuncratkeun oge.
> tapi bubuhan sora nu kadenge ku eta slogan kacida nyundana (murwakanti) nya
> daek teu daek, kapaksa resep haha...)
>
> slogan eta, back to carecet tea, dijieun keur ngawadahan kahayang kuring,
> teu make deui barang sakali pake, jiga pamakean tisu, sterofoam keur mungkus
> kadaharan, keresek, cideka (ci inum dina kemasan, amdk), daun cau, daun
> jati, daun tisuk, daun jambu aer, tusuk gigi, tiir sate jste. ngan hanjakal
> semboyan eta teh can sapuratina katedunan. hese geuningan. nu kiwari masih
> dijalankeun teh nyaeta mamawa carecet ka mamana, jeung wadah tina kaen keur
> gaganti keresek mun balanja ka gramedia. hiji deui mun dahar di warung sangu
> ngusahakeun teu dibungkus, cukup dahar di tempat!
>
> duq
> nb: nyieun ngaran ua duq ge sabenerna mah ngandung maksud: hayang cinta ka
> runtah, kotoran, waduk, jsb. kiwari geus lain wayah barang-barang nu kitu
> dipikaceuceub. ulah dianggap deui najis nu kudu dipiceun bangun ijid.
>
> 2009/5/15 Kumincir Wikidisastra <[email protected]>
>
>>
>>
>> kungsi maca tulisan, poho deui naha resensi buku atawa artikel jurnal, nu
>> ngabahas sual plastik vs bahan ramah lingkungan. Naha bener plastik teh
>> ngaruksak lingkungan alatan limbahna? Bayangkeun mun di alam urang teu
>> kungsi manggih plastik. lamun bahan kemasan tina kai (kertas & sabangsana),
>> kabayang sakumaha lobana konsumsi kai, boa leuweung sadunya teh geus tinggal
>> ngaran...
>>
>> 2009/5/13 mangjamal
>>
>>>    muhun bah, dunya teh E& E-link.
>>> kapungkur nu disebut ramah lingkungan teh apan ngurangan produk bahan
>>> plastik alatan cenah plastik mah hese dirobahna atawa leburna. beda jeung
>>> bahan alam. siga kai. ayeuna isu pemanasan global, salah salima kampanye,
>>> nya eta, ngurangan produk kai. lieur. sigana dina urusan ngelola leuweung
>>> produksi sareng leuweung tutupan, pajelit keneh di urang mah kalebet ayana
>>> maling kai
>>>
>>
>>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
> uaduq.co.cc
>
>  
>

Kirim email ke